WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

JAMAN SASALAD Ku: Dadan Sutisna

JAMAN SASALAD

Ku: Dadan Sutisna



"Lalu, barangkali pada suatu hari, guna kemalangan ataupun pelajaran bagi manusia, sampar akan membangunkan tikus-tikus, kemudian menyuruh meréka mati di tempat-tempat terbuka di suatu kota yang bahagia."

("Sampar", Albert Camus, tarjamahan N.H. Dini)
-----------

     Kawasna mah biheung aya nu percaya yén dina awal taun 1930-an, sapertilu rahayat Kota Garut maot ku hiji kasakit. Aya kampung nu ujug-ujug leungit jero saminggu (lantaran pangeusina maraot kabéh). Layon-layon patulayah, pada ngantep, antukna mah diduruk jeung imah-imahna. Nu hirup kénéh gé ukur nganti-nganti dawuh lantaran samar ka bisa salamet. Maranéhna dikurung di tempat nu pinuh ku panyakit, rék ngejat teu bisa lantaran di bedil geus ngadagoan. Éta kajadian pikaketireun téh, nepi ka danget ieu ukur cék cenah jeung béja. Can aya panalungtikan gemet nu ngébréhkeun kumaha kaayaan nu saenyana. Ieu kasakit téh niwaskeun welasan rébu kaom somah, nandasa rahayat leutik. Keur babandingan, harita pangeusi Kota Garut kira-kira 30 rébuan. Ari nu maot kaserang sasalad nepi ka welasan rébu. Sapertiluna.

     Geus lila saenyana mah ngadéngé ieu béja téh. Taun 2000, basa milu kénéh di réngréngan redaksi majalah "Manglé", Kang Karno Kartadibrata remen ngadongéngkeun kaayaan nu cenah genting pisan, basa Kota Garut katarajang pageblug pés. Dina rubrik "Balé Bandung", Kang Karno remen nepikeun pamadeganana, yén kajadian-kajadian penting téh kudu dicukcruk keur eunteung urang ayeuna. Manglé kungsi nyieun laporan husus perkara kasakit pés, sanajan teu nyosok jero, lantaran ukur ngandelkeun wawancara, lain tulisan nu didadasaran ku risét. Éta gé penting keur catetan mah, pangpangna hasil wawancara jeung suster nu digawé di rumah sakit umum Garut jaman kolonial.

     Tapak lacak sasalad pés di Kabupatén Garut téh hésé pisan kasusudna. Sabaraha persisna jumlah korban, teu aya nu terang. Aya nu nyebut rébuan, aya nu nyebut welasan rébu. Geus karuhan ari data-data nu leuwih rinci mah, saperti kumaha mimitina, wewengkon mana waé nu kaserang éta kasakit, jsté. Malah nu raména lain sual kaayaan para korban di pasisian, tapi perkara "woningverbetering" atau wonéng, nyaéta gerakan ngaruag imah keur numpes éta kasakit. Ménak-ménak gé teu pati hojah, lian ti ngawula ka "dunungan" téh, tangtu sarieuneun ari kudu ngadeukeutan kasakit mah. Nu wani nandonkeun nyawa mah apan ukur dr. Slamet jeung sawatara anak buahna.

     Urang saenyana bisa maca kieu: ku naon pangna dr. Slamet Atmosudiro (pamingpin Rumah Sakit Garut harita) nepi ka ngersakeun ngasruk ka lembur-lembur. Malah anjeunna dugi ka maotna katépaan ku ieu kasakit. Jawabanana mah, lian ti urusan tanggung jawab, lantaran kaayaan geus genting pisan. Sanajan pihak pamaréntah kolonial nyebutkeun yén Garut "teu kua-kieu", kanyataanana henteu kitu. Enya, ari nu cicing di kota mah barisa kénéh senang-senang, tapi nu di pasisian terus-terusan nandang tunggara.

     Katambah harita mareng pisan jeung malaiseu, usum tigerat. Koran-koran nu ngamuat berita ngeunaan pés, ku pamaréntah kolonial dihalangan. Éta béja ulah nepi ka nagara séjén da bakal mangaruhan kana widang ékonomi jeung pariwisata. Eukeur mah wirang deuih, lantaran méméhna geus susumbar moal aya deui kasakit pés di Hindia Walanda, sabada pageblug di wewengkon Malang nu niwaskeun welasan rébu.

     Malah ka dituna mah pamaréntah kolonial ngabarérang ka nu lian. Magar téh, pangna di Garut réa nu maot ku kasakit pés, alatan propaganda Sarékat Islam. Mémang harita réa rahayat nu baha, pangpangna sabada aya aturan "doodschouw-ordonnantie", mariksa mayit ku cara disuntik. Harita mah pikeun urang lembur, suntik mayit téh jadi kasieun anu pohara. Leuwih kejem batan logojo nu nigas beuheung sakitan, da sasatna ngakaya manusa nu geus jadi banusan. Antukna mah remen jadi riributan, mantri suntik dikarepung kawas ngobrot karaman.

     Naha enya nu maot di Garut alatan pés téh nepi ka welasan rébu? Lian ti carita ti para karuhun, urang bisa manggihan sawatara bukti. Taun 1937, Adrianus Bonebakker nulis disertasi ngeunaan sasalad pés di tanah Hindia. Dina panalungtikana, ieu mahasiwa Walanda téh dibantuan ku Prof. Otten nu harita mingpin Institut Pasteur Bandung. Di antarana aya katerangan kieu:
--------
     Tenslotte heeft zich in 1923 op West-Java nog een derde epidemie ontwikkeld, en wel vanuit de havenplaats Cheribon. Aanvankelijk had deze een vrij kalm verloop, maar toen zij in 1928 het Regentschap Tjiamis had bereikt, breidde zij zich snel westwaarts uit over de geheele Preanger en nam weldra een ernstig karakter aan. Niet alleen was de totale sterfte groot—in het jaar 1934 bedroeg zij rond 20.000 slachtoffers alleen voor de Preanger, terwijl in 1914 in Malang bijna 16.000 als hoogste sterftecijfer was genoteerd….
--------
Cék éta tulisan, sasalad nu katilu ngaranjah Jawa Barat dina taun 1923, ti palabuan Cirebon. Mimitina mah rada ayem, tapi barang geus nepi ka Kabupatén Ciamis taun 1928, éstu gancang pisan nerekabna, maju ka kulonkeun, ngaliwatan satatar Priangan nepi ka jadi perkara nu genting. Jumlah nu maot di Priangan wungkul aya 20.000 jalma, ari taun 1914 di Malang, nu maot téh 16.000 jalma. Mun nengetan angka nu maot, sasalad pés di Priangan téh leuwih ngagalaksak batan di Malang. Nu pangripuhna sigana di wewengkon Garut.

Dina Manglé taun 1959, aya tulisan judulna "Kilatan Riwayat Oto Iskandar Di Nata". Dina salah sahiji bagian nyaritakeun hog-hag rapat dina pasamoan "Volksraad". Oto kungsi ngabahas ngeunaan ngabasmi pés di wewengkon Garut. Saurna, "Pamaréntah Hindia Walanda pohara lalaworana ngabasmina téh. Nepi ka minggu tukang nu paraéh téh geus 6.000 urang Indonésia (Garut) wungkul. Kuring hayang terang, kumaha tindakan Pamaréntah Hindia Walanda lamun seug nu paraéh 6.000 téh bangsa Walanda…."

Alam harita, pilemburan téh can gegek pangeusina. Mun hiji lembur pangeusina 100 jiwa, tuluy nu maot alatan pés aya 10.000, harita aya 100 lembur nu leungit téh. Sabagian mah cenah didaruruk, tapi aya ogé nu diantep narikolot, jadi tempat pikasieuneun.

Saméméh aya ubarna kasakit pés téh maténi pisan. Nu katerap bisa langsung maot jero 3—14 poé. Dina abad ka-14, sapertilu pangeusi Éropah maot ku ieu kasakit, nepi ka disebutna gé "Jurig Hideung" atawa "Sasalad Hideung" (Black Death). Ti dinya tuluy nerekab ka wewengkon Timur Tengah, India, Tiongkok, niwaskeun kira-kira 75 juta jalma. Di Hindia Walanda, ieu kasakit muncul taun 1910-an, mimitina ti palabuan Tanjung Pérak, tuluy ngagalaksak di Kota Malang. Ti dinya maju ka kulon, narajang Tatar Priangan.

Sigana, upama teu keuna ku pirang-pirang gogoda mah, Garut téh bakal jadi kota pangmajuna sa-Tatar Sunda. Malah cék uga nu henteu atawa acan ngajadi mah, puseur karaméan téh lain di Batawi, tapi di wewengkon Nagara (Pameungpeuk), tuluy parat sapanjang basisir kidul nepi ka wates Cidaun. Hanjakal di Garut téh réa teuing kajadian, nepi ka wangunan kuno gé milu tumpur dina jaman Jepang jeung kamerdékaan.

Perkara sasalad pés ladang ngoréhan leuwih ti dua taun, pamohalan ditulis jadi disertasi, da apan kudu sakola heula. Ukur kadongdang jadi salah sahiji fragmén dina novél Sunda nu ayeuna keur disunting. Ngan nu écés mah, dina unggal jaman sok aya baé kajadian nu matak ketir, pieunteungeun keur mangsa datang.***

Katerangan gambar (sumber: pinterest.com):
Simkuring sareng pun bojo nuju tumpak délman di Jalan Tarogong, taun 1920-an. Nu di hareup kusir, ari simkuring mah teu katingal da apan keur motrét nganggo kaméra digital VGA dina modeu hideung-bodas.

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "JAMAN SASALAD Ku: Dadan Sutisna"

Posting Komentar