WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

FIKMIN BASA SUNDA - Yasana : Agus Mulyana.

Di Mumunggang Pamundayan

Wanci soré. Sora tonggérét ramé patémbalan jeung padabaturna. Totondén hadé poéna, sabab harita kabeneran henteu hujan. Mumunggang Pamundayan perenahna tonggoheun Tanjungsari, Pondoksalam, Purwakarta. Geus maranti unggal soré, mun mulang ti tempat gawé, kuring sok jalan ka dinya. Lebah mumunggang pisan, tetempoan plung-plong matak waas, matak kelar pipikiran. Nyawang ka béh kalér, atra runggunukna kebon karét di Campaka, béh kulon Pasawahan, ngidul saeutik tingborélak cai Dano Jatiluhur. Nu teu kasawang téh mun reup peuting, lebah mumunggang, pantesna ngarumpul ririwa jeung lelembut, ngabungbang nyawang bulan jeung pasangan séwang-séwangan.***



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "FIKMIN BASA SUNDA - Yasana : Agus Mulyana."

Posting Komentar