FIKMIN BASA SUNDA : Tongtolang Nangka - Yasana : Lely Moelyati
Ilustrasi dina Internet.*
Tongtolang Nangka
Yasana : Lely Moelyati
A
|
hir-ahir ieu katawis Emah kemba, alum nguyung. Soca barintit balas
nangis nu disamunikeun. Puguh wé apal, Emah kitu téh lantaran Apa ngawayuh, teu
jeung adeuh deuih Bu Nia guru basa Indonésia di sakola nu jadi istri Apa.
Kuring jeung Kakang bingung,
kunaon Apa keukeuh nikah ka Bu Nia. Ituna deuih, bet daék jadi nu ngora.
Padahal geulis, nyakola, parawan ongkoh.
Emah teu robah sikap ka Apa.
Biasa waé kumawula, ngan pédah jadi teu hégar saperti biasa.
Panasaran, kuring jeung Kakang
datang ka bumi Bu Nia pas Apa nuju kilir. Panto méléngé, kakuping sora
istri nyarios kieu ka Apa,
"Umur abdi kantun
bubulanan deui, biheung pendak kétang, hatur nuhun Bapa kersa nyarengan, réwu
nuhun ka Ibu nu tos ngawidian." Segruk nangis kanyenyerian. Kuring jeung
Kakang papelong-pelong.***
0 Response to "FIKMIN BASA SUNDA : Tongtolang Nangka - Yasana : Lely Moelyati"
Posting Komentar