WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

FIKMIN BASA SUNDA - PÉNGKOLAN CARUNGANGKANG




PÉNGKOLAN CARUNGANGKANG

Ku : Agus Mulyana


B
alik nguseup téh ampir jam satu peuting. Sanggeus tarapti, dius motor maju. Lebah péngkolan Carungangkang, hp disada. Panasaran nyisi heula, bisi aya nu penting. Nomerna teu wawuh. "Halooow..., saha?" Cikikik aya sora awéwé nyikikik, minangka walonan ti ditu. Éééh..., saha nu ngaheureuyan! "Sareng saha ieu?" Rada keuheul campur keueung, kukurayeun ku nyikikikna. Jempé tina hp taya sora. Bus, hp disakuan deui. Barang rék nyetarter motor...,  na atuh...ari geleber téh tina tangkal hareupeun aya nu hiber. Manuk gedé pisan. Hiber bari ngaguik siga anjing kadempét. Duka manuk nanahaon, gedéna sarua jeung domba kukutan kuring.

Yakin, lain manuk samanuk-manukna. Piraku manuk gedé-gedé teuing. Ras, inget caritaan Mang Pupung tadi saméméh mulang. Kadé euy, lebah Carungangkang mah, ulah luak-lieuk. Komo wani eureun heula mah.

Inget ka dinya, buru-buru
nyetarter motor, bari haté mah lelenyapan. Asa gep-asa gep manuk tadi ngarewod punduk. Kasebelan, motor teu daék hirup. Kapaksa distandarkeun heula, tuluy diselah. Angger teu hirup. Lauk dina koja gugurubugan. Cleng, aya lélé gedé luncat tina koja handapeun konci kontak. Reuwas campur bingung. Salila tadi nguseup, teu kungsi meunang lélé. Kabéhanana lauk emas. Ari ieu nu luncat tina koja bet aya lélé.

Katempo lélé acleng-aclengan ka tengah jalan. Teu kanyahoan, ujug-ujug gapruk aya nu ngégél lélé. Tuluy dibawa kana rungkun. Teu pati sidik, teuing anjing teuing careuh, kawantu ngan sakilat pisan. Rungkun saliara motah oyag-oyagan. Sigana parebut ngahakan lélé. Kadéngé tingharereng silihgerem matak kukurayeun.

Bari kokompodan, kuring maksakeun ingkah ti dinya. Ngagusur motor asa kacida beuratna. Rék digorolongkeun teu bisa, da jalanna nanjak. Bari dedegréh motor maju lalaunan. Barang tanggah nempo ka hareup, hate ngaranjug. Persis lebah tangkal kawung katuhueun jalan, aya jalma nangtung. Geus teg waé, yakin, lain jalma sajalma-jalmana. Piraku jalma bener mah aya di dinya. Jaba nyorangan deuih. Antukna bingung. Maju sieun, mundur sarua sieunna.

Lahaolla..., mending maju. Babacaan sabisa-bisa. Suku asa teu napak, haté lelenyapan, geus puguh jajantung mah ngaguruh bakat ku sieun. Persis hareupeun si éta, teu hayang ngarérét, komo wani nanya mah. Kuring ngungkug wé, nyurung motor. Paduli teuing disebut degig ku jurig mah. Tibatan nanya, hég dijawab sorana ngirung. Atawa ngarérét, nempo beungeut nu pikasieuneun. Piraku teu ngajehjer kuring di jajalaneun.

Antukna salamet ogé. Geus liwat Carungangkang mah, motor hirup deui. Di lawang deukeut lembur, pasarandog jeung Mang Iyan sabatur-batur nu kagiliran ngaronda.
"Balik nguseup, euy? Teu papanggihan di Carungangkang?" Cenah bari capcik ménta roko.
"Henteu, moal wanieun barina gé ka kuring mah...!" Pok téh, teu hayang papanjangan nyaritakeun nu sabenerna.*

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "FIKMIN BASA SUNDA - PÉNGKOLAN CARUNGANGKANG"

Posting Komentar