FIKMIN BASA SUNDA : Dominos Pizza - Yasana Kang Yoga
*FIKSIMINI*
Ilustrasi dina internet.
*DOMINOS PIZZA*
W
|
anci bada isa pun bojo gura-giru ngajak ka Jalan Véteran
Purwakarta aya béja diskon 50 persen, tara tisasari saréngséna netepan
berjamaah si cikal tos saged, Panengah tos katawis sumringah si bungsu teu
kakantun tos nganggo tiung.
"Bah..bah jantennya ka pizzana ayeuna
saur ambu tos dibuka". ceuk si bungsu bari nyonyoo hapé. Gerung
mobil disada geleyeng kaluar ti garasi nuju ka pom bengsin da harita téh
bengsina saat. Sabada ngeusian bengsin terus muru ka tempat nu dituju. Katawis
tulisan Dominos Pizza ngajeblag badag, mobil diparkir, pun bojo, si
bungsu sareng panengah lungsur ti nu mobil da si cikal mah kirang resep ka na
pizza téh. Teu kungsi lila pun bojo meuntas muru ka na mobil. "Naha
sakedap tos séépnya pizzana". kuring nanya.
"He..he...". walon
pun bojo. "Naha gumujeng?" tanya kuring. "Abah teu acan buka
pizza téh". Si panengah ngajawab. Barang dibaca brosurna sihoréng bukana
téh isukan ping 28 Désémber 2019.***
Purwakarta.27.12.2019
Kang Yoga
0 Response to "FIKMIN BASA SUNDA : Dominos Pizza - Yasana Kang Yoga"
Posting Komentar