Dampak Tina Pangwangunan Perumahan Buana Cicalengka Puluhan Imah Warga Kampung Saung Bale Désa Narawita Kabanjiran
Warga Kampung Saung Balé Désa
Narawita Kacamatan Cicalengka was-was, pasalna warga hawatir timbul bencana nu nimpa
imah warga. Diduga dampak tina mudalna cai pembuangan ti perumahan. Padahal direncanakeun
kapayunan kampung éta dijadikeun kampung adat.
Cicalengka
– Warta Sunda Onliné,
N
|
itenan pamaréntah Désa Narawita, nu didampingan
ti unsur muspika, BPBD, Satpol PP jeung Sosbud Kacamatam Cicalengka. Kepala Désa
Narawita yén kampung éta masih disebut kampung
tertinggal jeung rék jadi prioritas pangwangunan Désa Narawita.
Akibatna ku terisolasina Kampung
Saung Balé, mekarna pangwangunan di kampung ieu téh daérah tertinggal.
Adé Palji (45) Ketua RT satempat ngeceskeun,
yén tina 17 imah, ngan 1 imah nu geus permanen, nu 5 mah semi permanen jeung sesana
imah panggung.
“Imah permanen 1 imah, 5 imah semi
permanen katut sesana mah imah panggung,” pokna Adé.
Sedengkeun pakasaban wargana, saur
Adé sabagianna mah pakasaban henteu netep (serabutan).
“Tina 17 kepala keluarga kabéhna digarawé
kuli macul (buruh cangkul), éta ogé mun aya,” jelasna.
Warga
satempat, Uha (64) Warga RT. 01 RW. 05 Kampung Saung Bale Désa Narawita ka WSO inyana kumalasepa ungkara diluhur
téh.
“Sim
Kuring hirup mangpuluh-puluh taun di kampung éta, can pernah aya perhatian ti
pamaréntah au daria,” pokna Uha bari curucud cimata.
Uha ogé ngangken, yén loba pasualan
dikampungnasaperti diantarana sarana cai beresih jeung akses jalan. Lian ti éta,
sabagian wargana ogé can boga pagawéan anu netep.
“Bareto mah aya cai beresih nu ti
sumber cai, tapi ku ayana perumahan, kiwari wargana kudu laleumpang 400 métér ka
sumber cai,”pokna Uha.
Keur mah ayana perumahan, pokna deui
Uha, para wargana was-was mun nepika aya bencana longsor atawa banjir lumpur. “saperti
kamari waé aya hujan gedé, imahna kaurugan banjir lumpur nu arasup ka imah,” ceuk
Uha.
Ayana keluhan ti para wargana Kepala
Désa Narawita, Holidin negeskeun, pihakna geus apal, malah manar kiwari keur
pendataan wargana.
Holidin ngabenerkeun pisan yén ayana
musibah banjir di wargana. Akibat mualna cai ti saluran nu keur diwangun ku
pihak pengembang perumahan.
“Komo saluran cai nu kirang mernah, bari
jeung mudal ka pakampungan éta, nu ngabalukarkeun sababaraha imah kakeueum banjir
lumpur leuwih ti 10 sentimétér ti dijero imah,” poka Holidin Kades Narawita.
Balukarna musibah éta, sababaraha
warga ngarasa dirugikeun. Komo nepika ayeuna warga ngarasa hawatir bisi kajaian
deui musibah banjir susulan nu leuwih gedé.
“Ayeuna warga kampung saung balé hawatir
mun aya bencana susulan nu leuwih gedé,” pokna kades kepada WSO Kemis, (9/1).
Ngeunaan lainna, saur Holidin,
pihakna ina hal ieu mah can apal pasti kulantaran can aya pertemuan jeung pihak
perusahaan.
“Ku hal éta mah, pihakna can apal
pasti ngeunaa Tata ruang jeung siteplan ti pengembang perumahan,” saur kades nu
kakara 100 poé gawé na diistrénan. Sabab, inyana kakara ngajabat.
“Sok sanajan kamari nepika aya kajadian
musibah éta, aya rencana pertemuan jeung pihak pengembang tapi teu jadi,” pokna.
Holidin ngeceskeun, yén hiji kampung
nu posisina terisolasi ieu aya kana 17 imah jeung 45 jiwa, lalaki lobana 24 urang
sarta awéwé lobana 21 urang, “kondisina poé éta mah was-was jeung hawatir,” saurn.
Kampung éta di Kp. Saung Balé RT. 02
RW.05 Désa Narawita Kecamatan Cicalengka. Holidin nambahkeun, musibah nu geus
karandapan ku wargana diduga dampak tina pangwangunan perumaham Buana
Cicalengka.
Kunaon bisa terisolasi, saur
Holidin, keur pikeun ngadongdon éta kampung nu akses jalanna masih kénéh ngagunakeun
jalan milik perumahan Buana Cicalengka. Sabab jalan nu ngahubungkeun ka kampung
lain ngan ukur jalan satapak wungkul.
“Mun seug rék ngagunakeun akses
jalan lain, leuwih jauh jeung ngan ukur jalan satapak nu teu bisa maké
kendaraan.” saurna.
Inyana miharep, kapayuna pihak
perusahaan bisa babarengan ngariung di pemerintahan désa.
“Harepan pemerintahan Désa Narawita nepika
bisa diuk babarengan jeung perusahaan pikeun ngabahas pasualan ieu sangkan
beres katut aya solusina sasarengan,” pokna.
Sedengkeun, hampir satengah tina jumlah
penduduk kampung balé nyaéta imahna teu layak huni (rutilahu).
“Hampir satengahna imahna teu layak
huni, ieu jadi program prioritas désa dina program rutilahu,” saurna.
Kapayuna inyana rék ngarencanakeun ngarojong
kampungna jadi Kampung Saung Bale nu jadi kampung adat. ***
Hanhan
0 Response to "Dampak Tina Pangwangunan Perumahan Buana Cicalengka Puluhan Imah Warga Kampung Saung Bale Désa Narawita Kabanjiran"
Posting Komentar