WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Ceuk Ketua Korwil Sukatani – Pléréd H. Jalaludin Malik, S.Pd, M.Pd. Poé Kahiji Teu Hadir, Mareng jeung Rapat di Linuhung

Ketua Korwil Sukatani – Pléréd H. Jalaludin Malik, S.Pd, M.Pd, diwawancaraan ku pihak jurnalis di SDN 1 Sukatani, Kemis (16/01/2020).*

Sukatani – WSO,
W
arta nu kungsi dimuat dina Warta Sunda Onliné, Senen, 06 Januari 2020 nu kaliwat judulna Poéan Munggaran Asup Sakola di Purwakarta, Ratusan Siswa SDN 1 Malangnengah Ngungsi Dibaladésa”.
     
     SDN 1 Malangnengah jadi isu nasional, lantaran dampak tina KCIC ku pamaréntah ngeunaan Karéta Api Cepat jurusan Jakarta - Bandung. ku kituna, ieu sakola jadi sorotan para jurnalis saantero jagat dina mangsa pangwangunan direlokasi ka RKB nu salila ieu can bérés. Malah para siswa katut juru atikna ngungsi heula di baladésa Malangnengah nu tempatna kirang memadai.
     
     Nalika para jurnalis nitenan kondisi SDN 1 Malangnengah pasaka relokasi, pihak Koordinator Wilayah Kecamatan Sukatani – Pléréd poé kahiji teu sidak di TKP.

     Pihak Koordinator Wilayah Kecamatan Sukatani – Pléréd ngawaler ngeunaan teu hadirna dina poéan kahiji ka SDN 1 Malangnengah paska wangunan sakolana ngungsi di baladésa.

    Malah dina WSO alenia ahir nu unina dihandap ieu :
Disinyalir wangunan RKB SDN 1 Malangnengah direncanakeun anggeus lima bulanan deui kahareup. Sedengkeun 260 urang siswa jeung orang tua murid ayeuna nungguan wangunan anyar nu keur diwangun. PIhak sakola kumalasepa lantaran teu hadirna Pengawas Binaan atawa Korwilna...

Dina hal ieu mah, saur Ketua Korwil Sukatani – Pléréd H. Jalaludin Malik, S.Pd, M.Pd. “Sim kurig poéan éta mah nuju rapat heula di dinas pendidikan. Janten bagi-bagi waktos. Malah mandar hadir dina poéan katilu,” pokna.

“Janten nu diwartakeun éta, inyana ngabenerkeun teu hadir dina poéan asup sakola smester dua taun ajaran 2019/2020,” pokna Jalal.***


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ceuk Ketua Korwil Sukatani – Pléréd H. Jalaludin Malik, S.Pd, M.Pd. Poé Kahiji Teu Hadir, Mareng jeung Rapat di Linuhung"

Posting Komentar