WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Carpon OJOL STORY Ku : Agus Mulyana

OJOL STORY
Ku : Agus Mulyana

Ilustrasi dina internet.*

"Bu Mira?" Kuring nanya ka awéwé nu keur ngajanteng. Mastikeun nu tadi pesen dina aplikasi téh ngaranna Mira.

     "Iyah..!"

     Song hélm, geus merenah geuleuyeung motor maju. Najan geus peuting, patalimarga ramé kénéh. Motor, mobil, masih balawiri.

     Luyu jeung pesenan, tempat nu dituju téh Gang Kuburan di Jalan Ahmad Yani. Ti Koncara bélok ka kénca, nepi wéh. "Palih mana, Bu?" Kuring nanya ka penumpang.

     "Teras wé ka lebet!"

     "Ka lebet makam?" Kuring ngaranjug, reuwas.

     "Di lawangna wé, badé sakantenan nyekar heula. Naha kitu?"

     "Oh, muhun mangga." Kakara ngarti, paingan atuh nitah ka arah makam.

     "Tos wé di dieu. Antosan sakedap, nya!" Cenah barang nepi ka gapura makam. Manéhna turun tina motor, tuluy leumpang ka jero. Kuring nyetandarkeun motor, gék diuk dina bangku témbok nu aya di garduh lawang ka jero.

     Limalas menit, satengah jam, sajam, panumpang can jol kénéh waé. Kuring ngalelengkur nungguan bari haté mah élékésékéng. Dina layar hp loba nu pesen gojék, teu wani nyokot da nungguan kénéh Bu Mira. Tamba cangkeul diuk waé, kuring leumpang nyampeurkeun kios peuntaseun makam.

     "Nambut korékna, A...!" Ka nu jaga kios. Song korék gas, sut disundut pelenyun udud.

     "Ngantosan saha, Kang?" Ceuk nu jaga kios bari nampanan korék.

     "Penumpang. Tadi ka jero makam, rék nyekar heula cenah."

     "Penumpang mana? Titingalian abdi mah tadi ti barang dongkap, Akang mah teu nyandak penumpang."

     "Ih, mawa. Tadi ngaboncéng ibu-ibu ka dieu. Tuh, keur ka jero makam."

     Nu jaga kios katempo seuri. "Sidik pisan, Akang tadi sorangan. Puguh abdi téh héran, naha aya ojol ngetém di makam. Jeungna deui, piraku aya nu nyekar peuting-peuting kieu atuh, Kang."

     Ngadéngé caritaan nu jaga kios, kuring ngahuleng. Na bener kitu? Tapi yakin, tadi kuring mawa penumpang. Bu Mira ngaranna téh. Keun wé ah, rék ditungguan sakeudeung deui mah. Da teu mungkin kaluar ti mana waé. Apan sakuriling makam téh dibénténg nu lumayan luhurna. Ari lain rék ngadon saré di jero makam mah, piraku teu kaluar deui.

    Tétéla, sakitu lilana didagoan euweuh ngurunyung Bu Mira téh. Panasaran, kuring nyusul asup ka jero makam. Nu jaga kios nyérangkeun bari seuri. Embungeun ari diajak maturan ka jero mah. Loba sireum kararanggé pajarkeun téh.

     Sajeroning leumpang, panon ngulincer mapay tutunggul. Susuganan Bu Mira nyekarna teu jauh teuing. Geus nepi ka tengah makam, nu ditéangan can kapanggih kénéh. Sora bueuk dina tangkal samoja mawa keueung. Najan enya gé aya di tengah kota, sima kuburan béda karasana. Ahirna kapanggih ogé. Ti jauhna Bu Mira katempo cindekul nyanghareupan hiji makam. Gura-giru kuring nyampeurkeun. Ngan teu ku hanteu, ari kudawet téh suku ngait kana akar. Tolonjong, blug..., kuring labuh. Nangkuban pisan, dada ninggang kana tungtung témbok makam. Sajongjongan mah ngahanju, eungap anu pohara. Maksakeun hudang, teu nolih kanyeuri. Rét ka hareup, ka lebah Bu Mira tadi.

     Gebeg...! Bu Mira geus euweuh, teuing ka mana léosna. Nu aya rupa pikasieuneun, ngajega, ngahalangan jajalaneun. Kuring ngayekyek, awak ngadégdég, leuleus satulang-sandi, haté lelenyapan jaba tuur nyorodcod. Kakara ngalaman nempo nu kitu. Bari nahan kanyeuri, kuring maksakeun ingkah ti dinya. Rék nepungan Si Ivan, sobat medok nu imahna teu pati jauh ti makam.***

Pasirangin, 12/01/2020

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Carpon OJOL STORY Ku : Agus Mulyana"

Posting Komentar