WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Buah Kacinta : Arin & Lana Maturan Rumah Tanggana Sudama Sukma Sajati Saputra

 De' Dama buah kacinta Arin & Lana

Buah Kacinta : Arin & Lana Maturan Rumah Tanggana
Sudama Sukma Sajati Saputra


N
yukcruk galur prilaku Rosul, ngudak tapak lacak para Ambiya. Nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna. Pikeun laki rabi dua pasangan nu dihijikeun ngaliwatan tali prtikahan. Ayeuna parantos gubrag ka alam dunya wastana : Sudama Sukma Sajati Saputra, dibabarkeun di Purwakarta ping 18 Desember 2019, jam 08.02 WIB ti pasangan M. Lan Maulana Saputra & Arina Rizqi Utami.
Minangka pang bubungah asta kalih Arina Rizqi Utami (Arina) Putri ti Bapa Epe Efendii (Kasie Kaspen PDAM Purwakarta manten pangsiunan) & Ny. Dedeh Halimah, S.Ag, M.Pd (Kepala SDN 3 Sukatani manten, Purwakarta) sareng M. Lan Maulana Saputra (Lana) Putra ti Bapa Dadang Saputra (Direktur Utama PDAM Purwakarta) & Ny. Juju Juariah.
Lian ti éta. Bupati Purwakarta Hj. Anne Ratna Mustika nu nenehna Ambu Anne nepika rurumpaheun ngadongdon ka Jl. Statsiun Ciganea No. 35B Kecamatan Jatiluhur Kabupaten Purwakarta.


Bupati Purwakarta Hj. Anne Ratna Mustika.*

Atuh bungah amarwatasuta keur Ny. Dedeh Halimah, S.Ag, M.Pd incuna dilongokan ku Ibu Bupati. Inyana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun kana waktosna Ibu Bupati nu parantos nyempetkeun kana waktosna.
Ny. Dedeh Halimah, S.Ag, M.Pd miharep ka para pamaos portal koran Warta Sunda Onliné ngemis pangdu'ana ka nu janten incuna sing dipasihan sehat sinareng janten murangkalih anu solehah. Amin.***




Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Buah Kacinta : Arin & Lana Maturan Rumah Tanggana Sudama Sukma Sajati Saputra"

Posting Komentar