WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Barudak SDN 1 Mekargalih Diajar Melak Paré tina Émbér/Polybag

Keterangan Poto : Kasek SDN 1 Mekargalih, Dedeh Halimah direncangan juru atikna masihan kaélmuan dina melak paré dina émbér/polybag.*

Jatiluhur - Warta Sunda Onliné,

Isuk-isuk poé Senen, 27 Januari 2020 barudak SDN 1 Mekargalih Désa Mekargalih Kecamatan Jatiluhur Purwakarta geus saget ngarumpul di buruan sakola bari jeung geus nyarepeng émbér/polybag masing-masing.


Para siswa éta, bade aya naon?. Lantaran tara tisasari ku juru atikna marawa émbér/polybag.

Oh. Geuning Kepala Sakola katut ibu guruna seja masihan élmu widang pertanian melak binih paré dina polybag ka peserta didik.





Dina hal ieu mah, peserta didik SDN 1 MEKARGALIH diajar melak paré ku cara teknik tabela. Siki/binih paré dipelak langsung dina média nu geus disadiakeun. Binih paréna ogé teu asal binih, tapi ieu mah husus binih unggulan nu disebut jenis Inpari IR (International Rice) Nutri Zinc. Unggulna ieu binih, sajaba ti beunghar ku nutrisi, zat beusi (Zn-34,5i ppm) nu hasiatna pikeun nyegah stunting, ogé kadar amilosa 16,6 persén. Lian ti kitu, hasil produksina leuwih mucekil, tahan hama, jeung rasa sanguna seungit tur pulen.

Saacan melak paré, peserta didik dibéré pengarahan heula kumaha tata cara budidaya paré dina émbér atawa polybag. Kulantaran jenis paré ieu mah kasebatna paré nu seueur ngabutuhkeun cai.

Sedengkeun lahan di SDN 1 MEKARGALIH kulantaran heureutna tempat teu tiasa melak paré kawas di sawah. Ku kituna alternatifna melak paré dina émbér atawa polybag. Dina raraga nguatan karakter peserta didik. Lian ti éta ogé, dina kasempatan éta ditepikeun ma'na filosofis tina melak paré. Kitu dieceskeun ku Kepala SDN 1 Mekargalih,  Dedeh Halimah, S.Ag, M.Pd ka Warta Sunda Onliné dirohangan gawéna.***

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Barudak SDN 1 Mekargalih Diajar Melak Paré tina Émbér/Polybag"

Posting Komentar