WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Ambu Anne Ratna Mustika Keuna Prank ku Para Jurnalis


"Dina kasibukanana salaku Bupati Purwakarta.
Hj. Anne Ratna Mustika dipayuneun para Jurnalis soméah nepika di Prank dina miladna ka 38 taun."

Warta Sunda Onliné,

Bupati Purwakarta, Hj. Anne Ratna Mustika keuna prank ku para awak média di Purwakarta, Salasa (28/1).

     Prank éta nu dilakukeun para awak média dina raraga méré kejutan ka Bupati Purwakarta, Anne Ratna Mustika nu poé éta mah pas miladna nu ke 38 taun.

Cuplikan video para awak média nge-Prank ibu Anne

     Saméméhna diayakeun prank ka Bupati Anne, para awak media ngayakeun heula audiensi pas jam 17.00 WIB nu tempatna di Gedung Nagara, Purwakarta. Bupati Anne Ratna Mustika ngabagéakeun para awak media ku rasa pinuh kabungahna.

     Sabada sesi audiensi, para awak média ogé ménta waktu ka Bupati Anne Ratna diwawancaraan door stop (cegat di jalan-red) nepika nanya sababaraha pertanyaan, saperti soal isu virus corona, amarayahna taneuh beureum di galian ilegal di Sukatani, nepika puncakna patarosan ti para awak média nu teu bisa dijawab hal nu memang teu kajadian di Purwakarta.

     Nepika akhirna, salah saurang wartawan ngaharewos ka Bupati Anne sangkan tong diwaler patarosan éta. Malah mamdar teu ngawaler patarosan ti salahsaurang wartawan. Tapi teu kungsi lila diluar kantor Gedung Negara aya kaributan nepika konsentrasi  Bupati Anne Ratna Mustika teu puguh.

     Ekspresi pameunteu Bupati Anne Ratna Mustika reuwas yén aya dua urang wartawan paraséa di luar gedung sora cekcok nepika kuping ka anjeuna. Ambu nenehna akhirna nyobaan misah dua urang wartawan nu paséa.

      Tapi, teu kungsi lila, suasanana ogé robah jadi galumbira jeung langsung para awak média ngagorowok  "PRANK, Selamat ulang tahun Ambu".

     "Teu nyangka sumpah, kakara ayeuna sim kuring digawéan nu saperti kieu. Hatur nuhun ka sakabéh wartawan nu parantos masihan kareuwas bari jeung teu konsentrasi nalika aya kaributan, mana komo patarosan ti wartawan teu nyarambung," pokna Ambu nu milaf ka 38 taun bari jeung gumujeng. (*)

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ambu Anne Ratna Mustika Keuna Prank ku Para Jurnalis"

Posting Komentar