WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

TALI DARA - Ku : Muzahidin Noor


H
irup di alam dunya teu jinek dina hiji kaayaan, geus kitu kuduna. Jirim papasangan, awéwé jeung lalaki. Pon kitu deui, nasib. Beunghar miskin, siga waktu nu robah, beurang ka peuting. Aya poék jeung caang.

Tileuleutik hirup bungah, boga kolot sagala aya. Teu kapikir kahareupna sugan moal kieu. Teu daék sakola, karasa hanjakalna ayeuna. Gawé kasar éra gawé ngeunah teu aya.

Tisaprak, kolot duanana tilar. Jadi horéam léngkah. Usaha beuki morosot, nepi ka ludésna. Pamajikan mulang ka kolotna. Sasat disapih paksa, ditéang ku mitoha.

"Pa, Dédé teu betah di Néné," dédéngéeun kénéh sora si Bungsu. Basa kuring ngalongok. Mitoha kuraweud haseum, siga nu ijid ka kuring, pamajikan ngéluk. Teu bisa majar kumaha.

"Hampura geulis!" Ukur sakitu kecap nu kedal, budak di turunkeun tina pangkuan. Ditampanan ku pamajikan. Cimata merebey, manéhna seuri maur.

"Akang, hapunten abdi!" Pokna, kuring teu némbal. Ngusapan tonggongna. Ngantelkeun curuk kana biwirna.

"Jep, geulis. Sakedahna, Akang nu nyuhunkeun dihapunten."

Léngkah beurat, ninggalkeun nu di pikanyaah. Hanjakal teu tepung jeung si Cikal, parawan kelas dua SMA. Teu nyampak da sakola di kota jeung Bibina.

Nepi ka jalan gedé, teu nunggu lila. Naék élf ngidulkeun, balik kalembur. Mawa haté nu lewang. Nogéncang.
*

"Mang, émut kénéh ka abdi?" basa manggihan Mang Junéd, kurut badéga kuring.

"Ya, Allah adén!" Ngarangkul, bari ngusapan. Karasa kanyaahna, bubuhan kuring diasuh ku anjeunna.

Kuring, sasat diampihan ku si Mamang, cicing di imahna. Meunang saminggu, teu betah. Milih cicing di imah saung panggulaan. Kebon kalapa sisi basisir laut kidul.

Mindeng huleng jentul batan rajin bunta-bantu nyadap ka si Mamang. Wawuh jeung Parman, budakna. Ku manéhna kuring dianteur, ditepung-keun jeung pananyaan pleus kuncén karamat. Tabet sisi muhara nu geus kawentar. Jul-jol tamu nu ngadon daratang, méh sarupa maksud jeung tujuanana.
*

Kakara arék reup.

Blug! Sada nu ragrag ti para, tarik nakér.

Riyeg, riyeg, imah panggung ngariyeg. Dipan ngarékot, siga aya nu ngoyagkeun. Rey, muringkak sabulu-bulu. Keueung.

Babacaan, sabisa-bisa. Unggal peuting, didatangan baé, sora-sora anéh. Teu tibra saré.

"Pokona, ilaing kudu néangan saratna," ceuk si Abah pananyaan. Tuluy ngadeukeutan, ngaharéwos.

"Muhun, sanggem Bah," témbal kuring, kagok asong. Geus teu kuat ku kapeurih. Hirup tuna, wareg panghina.

"Nya, jung ku Abah di dungakeun, sing hasil. Ké bawa kadieu," pokna, si Abah nyéréngéh.

Tetempoan béda, jirimna bucitreuk hidéung, buuk gundul gédé hulu, lého rambay warna héjo. Huntuna ranggéténg konéng, rérégésan siga ragaji.

"Astagfirullah haladzim," gancang nyingkah.

Énténg bangga, saratna. Geus ka ditu geus ka dieu, mapay-mapay unggal makam. Sugan aya nu dipikabutuh.

Jauh lampah, népi ka lembur pamajikan. Keur reureuh sisi jalan, katémbong nu ngaleut ngagotong pasaran. Gancang nguliwed, nyumput. Bisi aya nu wawuh. Nyerangkeun ti tonggoh, nepi ka rérés nu nguréb-keun. Sanggeus rombongan nu nganteur layon marudun. Kuring turun ka sisi jalan deui. Gék, diuk na batu.

"Punten Jang,"nu nanya teu kanyahoan jolna.

"Eem mangga, Ki," tembal kuring. Manéhna unggeuk, leumpang anca manggul pacul. Asa kaingétan, hayang apal saha nu maot.

"Ki, Aki! Puntén ngawagel." sI Aki, ngarandeg.

"Ki, ari tadi saha nu pupus?" kuring nalék.

"Duka, jang. Tapi da maotna di kota. Gadis kénéh," walon si Aki.

"Oh, muhun. Nuhun Ki." imut, nganuhunkeun.

"Sami-sami, Jang." si Aki nyéréngéh, témbong gugusina. Ompong, kulit pipina nu karinyut, ngareyu. Sorot panon seukeut.

Balik deui ka tempat diuk.

Bray, dunya asa caang. Aya harepan. Ngarérét ka handap. Gebeg, reuwas. Naha si Aki tadi euwéuh? Jalan mudun tur lempeng.
*

Dicaangan bulan, gecruk-gecruk, ngagali kuburan ku awi sabeulah, kuburan anyar, baseuh kénéh. Seungit pandan jeung kekembangan.

Késang boborot, hésé capé ngagali tan alatna. Dikeureuh, teu burung   anggeus. Padung awi dilaan hiji-hiji.

Sanggeus nu ditéangan kapanggih. Kuburan dihadéan saasalna, sanajan teu rapih pisan. Reureuh sakeudeung, ngelap késang, tikoro garing, tuhuréun.

Hawar-hawar sora Adan awal, cengkat ngaléngkah, ninggalkeun kuburan.

Karék ogé tilu léngkah, reg, eureun. Asa aya nu nuturkeun. Luak-lieuk taya sasaha.  Ngaléngkah deu, asa beurat. Suku asa aya nu muntangan. Léngkah pamungkas ti sisi makam, reg, eureun deui. Ngalieuk ka tukang, ka sisi ka gigir. Weléh, teu aya sasaha.

"Pa!"

"Bapa!"

"Bapaaa!"

Atra pisan, nongtoréng kana ceuli. Sora si cikal nyalukan. Disusul sora nu ngabangingik, ti lebah kuburan.

Satengah lumpat gura-giru gagancangan ngajauhan kuburan. Kebat lampah muru ka lembur Abah kuncén.

Liwat lohor nepi ka nu di tuju, leuleus lungsé, harepan buyar. Imah si Abah méh rata jeung taneuh. Haseup ngelun tina sésa kahuruan.

Cenah mah pada ngarempug, pajarkeun si Abah tukang teluh.

Ngalénghoy neruskeun lalampahan, mulang ninggalkeun réwuan kahayang.

"Apés, Aing moal tulus beunghar deui téh!" ngagerendeng sorangan.
Satengah meubeutkeun manéh, kana dipan. Di jero saung nu meredong, poék. Sapoék haté nu baluweng.

Ti peuting kahiji, nepi ka ayeuna. Sora-sora tan wujud ngaririwaan.



Sora ceurikna, sora panggerona si Cikal.

Paralak, sada nu ngawuran keusik kana kenténg.

Brug! Sora nu ngagebrugkeun panto. Nu ceurik, eurih-euriheun.

"Hampura geulis, anaking,"

Nokér jojodog. Gulayun, krek! Tali dara nyekék beuheung.

*

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "TALI DARA - Ku : Muzahidin Noor"

Posting Komentar