SONO KA ROSULULLOH
Nyair cireumis nu nyalangkrung dina sela - sela kerepna kiceup
Jang - jang langit ceudeum reueuk dirurudan ku aweuhan kalangkang burit
Ukur wasa ngahuleng !
Adzan magrib ngagero nu iman didagoan ku imam masjid
Di dieu kuring sono ka sorana muadzin
Duh !
Sétra rasa dina genclangna kahéman, panceg niat muru kiblat
Allohhumma sollialla sayiddinna Muhamad
Solawat nyeumatan untap, pikir ngait ka kanjeng Nabi
Yaa Roob !
Tepangkeun abdi sareng Nabi anu mulya
Yaa Robb !
Jantenkeun abdi janten umat anjeunna anu dalit ngahiji dina rasa asihna nu wening tingtrim
Aamiin....
Tasik, 12 Nop 2019
Nanang SOS
0 Response to "SONO KA ROSULULLOH"
Posting Komentar