Ngarasakeun Soré di Taman Maya Datar Purwakarta.
Sababaraha taun katukang Pamaréntah Daérah Kabupatén Purwakarta terus-terusan ngabébérés jeung ningkatkeun, keur ngamekarkeun poténsi nu aya pikeun narik simpatik para pengunjung ngadongdong ka Purwakarta.
Daérahna lain saukur mibanda kaéndahan alam anu hadé, tapi ogé boga taman kota anu teu éléh jeung nu lainna. Sajumlah taman kota ngahias lokasi-lokasi nu strategis di sabudeureun Purwakarta saperti Taman Pesanggrahan Padjadjaran atanapi Alun-alun Purwakarta, Taman Sri Baduga atanapi Situ Buleud, Taman Surawisesa, Taman Pancawarna, Taman Pancaniti sareng Taman Panca Warna.
Salian ti sababaraha taman éta, aya ogé taman anu tiasa narik perhatian, nyaéta Taman Maya Datar perenahna di Komplek Pamaréntah Daérah Purwakarta. Taman ieu nawiskeun kaéndahan sareng katenangan di tengah-tengah kota nu unggal poéna rame didongdon para wisatawan.
Taman ieu, anu diwangun dina periode Bupati H. Dedi Mulyadi, nu kasebutna rada unik sabab ngarobih mindset areal perkantoran pamaréntahan janten hiji taman anu tiasa ditingali sareng dinikmati ku masarakat. Periode ayeuna mah, yén taman ieu langkung digeulisan tur ditingkatkeun deui ku bupati nu ayeuna, nyatana Hj. Anne Ratna Mustika.
Ngadumaniseun suasana klasik sareng kaéndahan dangdaunan. Hamparan kekembangan anu gareulis matak betah para pengunjung ku background favorit (latar paporit) keur puta-poto jeung nu jadi bebene. Nilik tina tatangkalan anu haréjo matak betah sémah kusabab suasana nu asri tur hegar ciri éndahna suasana taman kota.
Sekretaris Dinas Pemuda, Olahraga, Pariwisata dan Kebudayaan (Disporaparbud) Kabupatén Purwakarta, Heri Anwar negeskeun yén kuayana taman kota ieu jadi pangirutan keur para wisatawan lokal tur mancanagara nu ngadarongdon ka Purwakarta.
Taman Maya Datar ieu salah sahiji taman anu direkomendasi nu mikaresep suasana tiisna i perkotaan.
“Taman Maya Datar ieu minangka taman anu ramah anak, area taman nu lega jeung nyaman matak betah barudak nu arulin di ieu taman. Sapertina maén sapatu roda, sasapédahan atawa ngan saukur jalan-jalan nu tetep diawasan ku kolotna masing-masing,” kitu ceuk Heri Anwar, poé Rebo (20/11/2019).
Taman Maya Datar nu filosofina tempat ngariungna antara warga jeung pamingpinna tanpa ngabeda-bedakeun kasta. Dina hal ieu mah, Pemkab Purwakarta ngarobah konsep anu asalna konsep areal pamaréntahan jadi areal ruang terbuka keur masarakat, tapi lain saukur pagawé pamaréntah anu bisa ngarasakeun éta tempat, nanging masarakat sacara umum tiasa ngarasakeun éndahna Taman Maya Datar.
Heri nambahkeun, teu jauh di Taman Maya Datar ogé aya Taman Pancawarna nu aya di Balé Paseban atawa Pendopo Pemkab Purwakarta.
“Pikeun para wisatawan nu daratang dianjurkeun ka dua taman direkomendasikeun datangna pasosoré atawa jam 15.00 WIB, bubarna kagiatan kapamaréntahan,” pokna Heri.
Bahkan ku ayana taman-taman di Purwakarta, nurutkeun sajumlah masarakat éta nambihan kelir kaayaan Purwakarta pikeun nu ngadon arulin jeung kulawarga katut barudakna.
“Nya ayeuna mah Purwkarta matak betah komo mun pasosoré arulin bari jeung ngararasakeun hawa anu asri saperti ayana tempat Air Mancur, Galeri Wayang jeung tempat nu séjénna keur tempat puta-poto jeung keluarga,” kitu ceuk salahsahiji pangunjung Cucu pagawé Bank BUMN di Purwakarta.***
0 Response to "Ngarasakeun Soré di Taman Maya Datar Purwakarta."
Posting Komentar