Net_AgusRMPost : KOPI DADAKAN
KOPI DADAKAN
Rét kana pananggalan, waktu téh asa nyérélék pisan. Teu karasa méh ahir taun deui waé.
Ari ceuk itungan mah pagawéan téh sabulan deui kudu geus réngsé, tapi asa loba kénéh baé nu can kacabak.
Ku kituna saréréa guyub ngudag sagala kakurangan, jam kerja ditambahan nepi ka peuting.
Mokaha ripuhna mah, waktu keur reureuh jadi ngurangan. Atuh pangaresep kana kutrat-kotrét pon kitu deui, teu pati kasiwer. Ukur bisa noongan jeung ngajempolan kotrétan batur wungkul.
Sakalieun ngapungkeun kotrétan sok jadi asa dosa. Nu mairan kalan-kalan kabalesna téh teu bisa langsung. Ngan hadéna Balad Pustaka mah garedé hampura, teu ieuh jadi parundung.
Ngan bieu pasosoré mah bisa rada ngarénghap, gawé teu nepi ka burit. Ngalénghoy ngajugjug basecamp, barang anjog dipapag ku melenghirna seungit kopi. Sihoréng tukang masak keur nyangray kopi.
Nu keur nyangray kopi ditagogan, panasaran hayang nempo nepi ka asakna. Seungitna mingkin meleber angina-anginan, geus kacipta nimatna ngopi pasosoré.
#Net_AgusRMPost