Léngkah Bupati Purwakarta Ngaantisipasi Bencana di Usum Hujan
PURWAKARTA – Warta Sunda Onliné,
S
|
ajumlah
wilayah di Kabupatén
Purwakarta, rawan bencana alam dina
usum ngijih. Ku kituna, kiwari jajaran
pemkab ngayakeun kagiatan pikeun ngaantisipasi
mapag
datangna usum hujan.
Bupati
Purwakarta, Anne Ratna Mustika ngeceskeun,
saniskara persiapan geus dilakukeun keur
ngaminimalisasi dampak tina bencana
alam nu
sawaktu-waktu datang dina usum hujan ieu.
"Kami
geus ngainstruksikeun sakabéh jajaran pamaréntah nepika tingkat bawah supaya nguatkeun komunikasi pikeun leuwih tanggap bencana. Nilik kaayaan
kiwari geus asup kana usum hujan," pokna
Anne.
Anne
ngajentrekeun, tina hasil paniten
ti dinas terkait, yén di
wilayahna aya tilu bencana
musiman nu kudu di
waspadaan. Nyaéta,
pergerakan tanah (longsor), angin ribut jeung bencana banjir. Ku hal éta, pihakna umajak sakabéh lapisan masarakat keur ngaantisipasi supaya dampak tina bencana
alam bisa diminimalisasi.
Anne
ogé ngajelaskeun, keur daérah nu dianggap rawan longsor saperti ti daérah-daérah
perbukitan. Saperti halna, di Kecamatan
Bojong, Darangdan, Wanayasa tur
Pondoksalam. Hasil pemetaan ieu, ngarujuk kana musibah nu sering karandapan di wilayah-wilayah nu saperti kitu.
"Di
wilayah-wilayah éta, yén tingkat
pergerakan tanahna cukup tinggi. Jadi perlu diwaspadaan," jelas Anne.
Sajeroning kitu, sambung Anne, keur daérah nu rawan bencana angin puting beliung, éta di antarana di wilayah perkotaan jeung Bungursari. Kulantaran, salami ieu ieu sering ka musibahan di dua wilayahna.
Sedengkeun, pokna Anne, musibah banjir sabenerna teu loba
teuing kacaritakeun di wilayahna. Mun seug aya ogé, éta biasana mah banjir cileuncang nu diakibatkeun ayaana drainase nu mangpet tina runtah. Ku hal éta,
pihakna umajak ka masarakat sangkan babarengan ngayakeun bebersih.
Anne
nambahkeun, antisipasi dina hal ieu mah pihakna ogé
geus nyiapkeun anggaran husus bencana alam. Gedéna waragad kirang langkung aya kana Rp. 500 juta
nu sumberna tina APBD
kabupatén.
"Malah mandar,
kamari geus disalurkeun Rp. 200 juta nalika bencana
kekeringan jeung kakurangan cai bersih. Urang ngado’a babarengan, mugia di
Purwakarta tonng nepika aya bencana
alam nu bisa ngarugikeun masarakat," pokna Anne. (*)
0 Response to "Léngkah Bupati Purwakarta Ngaantisipasi Bencana di Usum Hujan"
Posting Komentar