WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KALANGKANG BANDERA DINA KACAMATA



Ku : Muzahidin Noor

JANARI leutik, ngagandong rangsél, nyorén tilu bedil jeung amunisina. Saténgah ngorondang dina rembet kakayon.

     "Dan, sebaiknya kita rehat dulu, kasian Bang Polman, lukanya lumayan parah." Paijo, teureuh wétan nu ngagabung ka laskar pimpinan kuring, usul.

     "Iya," gék diuk dina catang. Babawaan digolérkeun gigireun.

     Jul-jol anak buah daratang ti landeuh, ngalénghoy, wanci geus bray-brayan.
Nu lian ngubaran tatu dina punduk Bang Polman, kasasar peluru musuh.

     Peuting tadi hasil, nyegat patroli Walanda lebah sasak, watés désa. Musuh gugur opatanana.

     Kuring jeung sapuluh anak buah salamét ukur tatu leuleutikan, Polman baé nu kaitung parah téh. Alhamdulillah!

     Sanggeus reureuh, sholat Shubuh jeung sasarap alakadarna. Nikreuh deui neruskeun lalampahan ka pos sisi leuweung.

     Nambahan musuh téh salian ti tengtara asing téh nyaéta ku ayana gorombolan. Beban tugas nu kawilang beurat, komo ningali kaayaan rahayat harita nu sabagian milu ka musuh, rerencepan jadi telik sandi.
Beurang peuting jiwa kaancam ti ditu ti dieu.

     Nepi ka pos liwat Ashar, reureuh rada tumaninah. Bubuhan tempatna aman, plung-plong ka mana-mana, musuh taya nu wani ngajorag. Salain pakarang, sabudeureun pos dipageran ku lelembutan kukutan kuring.

     Peutingna, ngariung di babaléan. Ngan Polman nu teu milu téh, manéhna ngaringkuk. Muriang tina tatu nu kamalangkem.

     "Mas Paijo, Wardi jeung Kopral Juned wayahna, besok kalian turun gunung. Mun bisa mah, ka kota ménta bantuan éta gé lamun situasina aman. Mun henteu cukup ka kampung baé, tepungan lurah Jana, ménta bantuan logistik. Sadibéréna baé."

     "Siaaap, komendan!" rampak. Kuring ngacungkeun peureup.

     "Merdeka!"

     "Merdekaaa...!"

     Ba'da Shubuh, nu tiluan ngencling ninggalkeun pos. Dijajap ku pangdua.
Anéh, haté asa seseblakan. Neuteup nu miang pinuh ku kahariwang.

     "Lang! Tuturkeun barudak, aping!" Ngagerendeng bari nénjrag lemah tilu kali.

     Hiuk, angin ngagelebug. Korosak, aya nu ngagorobas tinu bala.

     "Hmmmmmmh...!" Nu ngagerem teu aya wujudna.

*

     Sajungna nu tiluan, pikiran malaweung. Inget ka anak pamajikan. Dua taun leuwih ditinggalkeun. Basa karaman ngepung lembur.

     "Hampura Akang, geulis!" Asih, diséréd paksa ku gorombolan. Kuring lumpat ngagandong Tedi, budak umur opat taun. Tuturubun ninggalkeun lembur, mawa haté nu peurih.

     "Akaaang! Tulungan!" nongtoréng sora pamajikan. Bingung, mun maksa ngalawan bakal nambah korban. Kuring jeung budak pasti ditelasan.

     Basa nepi ka tungtung lembur, reuwas kareureuhnakeun. Lebah sasak aya nu megat, lalaki diteregos nodongkeun bedil.

     "Tiarap! Angkat tangan!" kekerot, nahan nafsu. Saeutik gé teu sieun paéh. Hanjakal rék ngalawan taya pakarang boro sanjata.
Teu mikir deui, ngaléngkah gancang. Méméh jleng luncat, gorombolan nu saurang ngabekaskeun bedilna.
Beledag! Goak, budak ngajerit!

     "Bapaaaaa...! Leungeunna ngulapés, lésot tina gandongan.

     Jleng, gujubar. Kuring luncat ti luhur sasak. Palid ka hilir mawa rasa ketir. Leungiteun dua kanyaah.

     Teuing sabaraha jam kabawa palid, inget téh geus aya di jero saung dirawatan ku tengtara nu keur gerilnya. Antukna ngagabung nepi ka kiwari.

     Sumanget jurit di medan perang salain nyaah ka lemah cai, ogé seja males pati kanu geus téga maténi buah haté, bari maluruh laratan pamajikan nu diculik gorombolan.
   
     "Lapor, Dan!" salah sahiji anak buah kuring meupeuskeun lamunan.

     "Iya, ada apa, Zen?"

     "Utusan kita sudah datang, dengan selamat,"

     "Alhamdulillah, suruh mereka istirahat. Yang lain siaga dan siapkan konsumsi,"

     "Siap, Dan!"

     Kaluar ti kamar nu ngarangkep jeung kantor basajan. Ka cai beberesih tuluy nepungan anak buah.

     Bako, opieun ngajagrag dina palupuh. Kuring datang, kabéh pada hormat.

     "Soré, Dan!"

     "Soré kembali."

     Gék diuk, cekés ngahurungkeun panékér nyeungeut bako lintingan daun kawung.

     Serebung, serebung haseup mulek jero saung balé.

     Paijo, Juned jeung Wardi gé milu ngariung.

     "Kumaha Ned, salila di perjalanan téh?"

     "Aman Pa, alhamdulillah. Tapi teu tepung sareng lurah Jana. Anjeunna nuju ka kawadanaan."

     "Oh, terus éta saha nu méré bekel?"

     "Éta sadayana pamahanan ti Den Kosim, putrana."

     "Saha?"

     "Den Kosim," leng, ngahuleng. Bréh beungeut Kosim némbongan.  Batur sakola baheula kungsi parebut kabogoh, nyaéta Nyi Asih, pamajikan kuring.

     Anak buah kuring saurang gé taya nu apaleun rusiah éta.

     Nepi ka peuting ngariung téh, kira jam sawélas kuring amitan, ngampih.

     "Lagi bikin nasi liwet, Pa. Tunggu bentar," Paijo norojol ti saung dapur.

     "Sok baé. Saya kenyang." ngaléos ninggalkeun anak buah nu balakécrakan kénéh, sawaréh maén hitar bari nyaranyi.
Siit uncuung, ngelik ngageleber ngajauhan. Haté ratug, méméh sup kuring ngagorowok.

     "Tetap siaga!"

     "Siaaap!"

*

     Gulang-guling teu deuk reup, beungeut Kosim ngaléléwaan.

     Kasebelan!

     Huuuh!

     Pengkhianat!

     Bek! Peureup di tonjokeun kana dipan. Brug! Brug! Sada nu ngagebrug-gebrug panto.

     "Saha?"

     Taya nu némbal. Panasaran cengkat jung nantung laju muka tulak panto.
Bray. Panto muka.

     Bruk! Paijo, nyugsruk. Uo...ngabudah.
Prék kacamatana nu murag, peupeus kacana sabeulah katindihan ku manéhna.

     "Innalillahi...!"

     Dina itungan détik, Paijo teu usik teu malik. Pannonna buncelik, curukna nunjuk kaluar.

     Anak buah taya nu katulungan, ngan Polman nu salamet, manéhna teu ngiluan murak sangu liwét.

     Awak lungsé, asa teu walakaya asa disamber heulang lin bobohongan. Beungeut Kosim nembongan deui, ngaléléwé. Seuri, ngécé bari cumiduh.
Sanggeus kajadian éta, kuring ninggalkeun pos duaan jeung Polman.

     Kacamata disakuan keur kenang-kenangan.

*

     Umur nincak salapan puluh taun, panon geus lamur kitu deui pangdéngé.

     "Yut, besok kita ke lapangan yah!"

     "Naon, Cu?"

     "Besok upacara benderaaaa...!

     "Oh, siyaap. Uyut pasti pangdepanna. Kamu yang dorong kursi rodanyah?"

     "Iya, Yut."

     Peuting téh asa lila ngagésérna. Di luar hujan angin, hawa nyecep tiis. Nembus kulit nojosan tulang, nyelekit kana dada. Muka lomari, nyokot kacamata titinggal jenatna.

     "Gera balik!" nu ngaharéwos atra. Reup, peureum. Sidakep, kacamata dina dada. Ngélébét bandéra dina teuteup pamungkas.
Sakolépat, Si Belang ngiwat sukma.***

Subscribe to receive free email updates:

3 Responses to "KALANGKANG BANDERA DINA KACAMATA"

  1. Hatur nuhun DongSun (Dongeng Sunda) kanggo sim kuring pami aya waktos rinéh dina waktos damél sok rajeun bari mulungan basa nu merenah (Sunda) nu séuéur pabaliut ,.

    BalasHapus