WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

KADISDIK Purwakarta Ngajelaskeung Ihwal Nata nu Viral di Medsos.



Purwakarta – Warta Sunda Onliné,
N
ata Sutisna (18) nonoman asal Désa Selaawi, Kecamatan Pasawahan, Kabupatén Purwakarta, ngadadak jadi sabiwir hiji ku warga Purwakarta. Dina ha lieu mah, Nata nu rék ngalajengkeun ka sakola paguron luhur di Perguruan Tinggi Tunisia Institut Superieur De Le Civilisation Islamique de Turnis hampir moal jadi, lantaran teu bisa amprok jeung pihak Pemkab Purwakarta, hususna Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, sarta Pemprov Jabar.


Samalah nepika viral sa-antero médsos pada-pada manghanjakalkeun ku kaayaan nu saperti kitu. Saperti halna Warta Sunda Onliné narima unggahan mangrupa poto status di salah sahiji médsos, kajaba unggahan médsos éta témbong saperti dihandap ieu.


Unggahan di médsos.*

Nalika dikonfirmasi, Nata mang hanjakalkeun ku ayana warta éta. Bahkan anjeunna ngabantah ayana penolakan beasiswa ti pihak Pemkab jeung Disdik Purwakarta.
"
Kulantaran samporétna waktu sim kuring henteu tiasa nepangan sareng pihak terkait. Janten dina ha lieu mah teu aya ditolak ku pihak stakeholder téh, jalaran teu tepang téa,” pokna Nata di Purwakarta, Jumat (8/11/2019).



Kukadongdonan ka Pemkab Purwakarta jeung Disdik Purwakarta, inyana ngahaja keur ménta bantosan kulantaran samporetna waktu rék miang sarta wakto anu mepet, nyaéta ping 14 November 2019 ieu.
"Dongdonan harita ikhwal inisiatif sim kuring, nepangan ka pemda pon kitu deui ka disdik, malah harepan tiasa tepang sareng Ibu Bupati katut Pa Kadisddik, leres teu tepang," pokna.
Dina kasempetan éta, numutkeun Kepala Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, pasualan nu karandapan Nata Sutisna sanés kawenanganna, kulantaran disdik mah ngan saukur ngurus TK, SD SMP, jeung PNF. Janten sanés kawenangan teu bisa nganggarkeun dina perencanaan.
"Sadayana kedah terang, kan di lingkungan dunya atikan, yén sistem anggaran kiwari nu sakitu ketat jeung seug aya sagala kagiatan téh kedah aya dina perencanaan taun saméméhna. Mun seug aya ogé pihakna ngabantu éta ti artos pribadi para dermawan," jelasna Purwanto.
Sok sanajan dongdonan Nata, ka Bidang Pendidikan Pemprov Jabar ogé sami waé, hal éta ieu jadi kajian di pusat, nalika daérah nyanghareupan kasus saperti Nata téh.



"Pon kitu deui kadatangan Nata ka Pemprov ogé sarua waé, mudah-mudahan sistem kapayunna tiasa nyanghareupan hal-hal nu saperti kieu," pokna.
Malah mandar pikeun ngurangan beban Nata, pihakna gawé bareng guru katut kepala sekolah sa-Purwakarta nepika mengumpulkeun donasi ngahontal kana  Rp. 15 juta.
"Alhamdulilah para pejabat, kepsek, staf jeung guru-guru urang samentawis tos ngempelkeun infaq nu gedéna 15 juta," pokna.

Sok sanajan sempet viral di média sosial, Nata Sutisna, pamuda 18 taun asal Purwakarta  nu disebut-sebut teu aya perhatian ti pemda satempat. Padahal dirina ngabutuhkeun biaya keur mangkat ka Tunisia nu kenging beasiswa.***

Subscribe to receive free email updates: