Hasil Rapat : PWI rék Magelarkeun UKW ka-2, Pembentukan PWI Peduli Tur Rehab Sekretariat
PWI – Warta Sunda
Onliné,
P
|
ERSATUAN Wartawan Indonesia
(PWI) Perwakilan Kabupatén
Purwakarta, Jawa Barat ngadua
balenan rék magelarkeun Uji Kompetensi Wartawan (UKW).
Kapastian bakalna dipagelarkeun UKW lanjutan téh tina hasil
rapat pengurus dan anggota PWI Perwakilan Kabupatén Purwakarta poé Juma’ah sore (8/11/2019) di Cafe Yuri House, Jl. RE
Martadinata Purwakarta.
UKW ayeuna ieu nu ka-2 kalina PWI Purwakarta magelarkeun UKW ditaun 2019, saméméhna pernah dilaksanakeun dina tanggal, 6-7 April 2019 sawatara waktu katukang.
Dina
rapat éta dipingpin langsung ku Ketua PWI Purwakarta, Asep
Yadi Sobana. Salain agenda penyelenggaraan UKW
ogé ngabahas agenda pembentukan
kepanitiaan PWI Peduli jeung
rencana Rehab gedung Sekretariat PWI Kabupatén Purwakarta nu lokasina di Jalan Veteran.
Ceuk Ketua
PWI Purwakarta, Asep Yadi Sobana sanggeus
ngabentuk kepanitiaan UKW, PWI Peduli jeung panitia rehab gedung sekretariat PWI ngainstruksikeun ka masing-masing panitia luyu sareng tupoksina, malah luyu sareng
bidang garapanna.
“Keur kepanitiaan UKW sagancangna koordinasi
jeung PWI Jabar pikeun ngaréngsekeun tur masrahkeun dokumen surat-menyurat ka PWI Jabar. Lian ti éta ogé, keur
kepanitiaan PWI Peduli sagancangna ngaagendakeun kanggo pelantikan pengurusna sarta ka panitia rehab
sekretariat PWI pon kitu deui koordinasi jeung
pihak-pihak terkait,”kitu
peupeujeuh Ketua PWI Purwakarta.
Kepantiaan hasil rapat keur UKW
kasapukan Ketua Panitiana,
Asep Budiman wartawan online wartamerdeka.com, sedengkeun keur kepanitiaan PWI peduli Ketuana Dicky Julkifli ti wartawan headlinejabar.com sarta keur kepanitiaan rehab
sekretariat di ketuaan ku Yuslipar wartawan
rmoljabar.com.***