Di Pengkolan Jalan Kajaksaan - Ku : Bune Upik
P
|
ilimakilométereun deui ka imah, motor ngadadak dierém.
Waduh, razia gabungan. Haté ngalenyap, jantung asa rék urug. Teuing da atuh,
mun nempo pulisi, rék pulisi ngora atawa pulisi kolot, haté tèh sebér. Aya rasa
sieun nataku, sanajan teu boga salah. Sigana panyingsieunan ema mangsa keur
budak, napel pageuh dina lelembutan, kabawa nepi ka déwasa.
"Neng ulah bangor nya, bisi
dilaporkeun ka pulisi." Kalimah éta nu minangka sok jadi pager nalika boga
karep milampah nirca.
"Ulah ameng tebih, bisi
aya nu nyulik..." matak nepi ka
kolot, teu resep nyaba jauh. Idek liher di lembur wé antukna mah.
Teu bisa nyalahkeun kolot, da
minangka eta kanyaahna. Inggis anakna nirca, inggis anakna leungit.
"Maaf Bu, bisa belok
sebenar?" pulisi ngora ngagebah lamunan. Jeung enyana, ngadon ngalamun di
tengah jalan. Motor dipéngkolkeun sapanuduhan. Ngajeblag dina banner
"Razia Penunggak Pajak Kendaraan."
Ah, baé wé masing dirazia ogénan.
SIM aya, STNK aya, spion motor anegléng kénca katuhu.
Motor distandarkeun handapeun
tangkal katapang.
"Selamat siang, maaf
mengganggu perjalanan. Ibu bisa perlihatkan surat kelengkapan berkendara?"
Hélm dibuka, tunda dina stang.
Alamat pililaeun. Hawa panas nyongkab. Késang ngoprot.
"Maaf ibu, ini pajaknya
berakhir besok," cenah.
"O iya Pak, memang hari ini
saya bermaksud ke kantor Samsat."
"Kalau begitu silakan ibu
ikuti prosedur dulu. Tilang ya?"
"Piraku ditilang? Apan aya
waktos sadinten deui enjing?" cekéng, rada nasteung.
Paloba-loba omong, embung éléh,
embung ngéléhan. Keukeuh kudu ditilang, atawa bayar pajak harita kénéh.
"Ada apa ini?" lalaki
nu geus umuran ujug ngajega hareupeun. Makè uniform pulisi.
"Ini, Dan...." pulisi
ngora norolang ngajéntrékeun.
"Ibu mari ikut saya,"
ceuk pulisi nu karék datang. Kapaksa ngiclik nuturkeun. Nitah diuk dina jero
ténda. Gék diuk. Papahareup. Inyana muka tasmana.
"Masih émut ka abdi?"
neuteup leleb.
Bales diteuteup. Asa-asa wawuh.
Diilo papan nama dina dadana. Darman Sinatria.
Gustiii...
Saha atuh nu bisa poho ka Darman?
Kaka kelas nu teuteupna iuh, nu imutna linduh. Nu jadi rebutan para wanoja
jaman harita. Asa jadi samar polah, samar rampa. Baheula, enya baheula, jaman
maké seragam bodas abu-abu, kungsi micangcam inyana. Darman nu sok maling -
maling neuteup, tapi sok terus tungkul mun katohyan keur neuteup. Darman nu
kungsi nibankeun hukuman mangsa OPSPEK, nitah nyanyi. Puguh boga sora tèh
silung, der dititah nyanyi. Keuheul kacida. Tapi da nu nitahna Kaka OSIS nu
panggantengna, nya ngelak wé nyanyi sakadaék. Ti harita, jadi resep nangkring
dina lawang asup, handapeun gapura gerbang. Megat Darman. Megat iuh teuteupna,
megat linduh imutna, megat tungkulna nu nyumputkeun imut mun mangsa paadu
teuteup. Teu wani nanya, teu wani nyoara. Isin, isin kacida. Sok diantep mun
Darman asup gerbang, liwat dina sapédahna. Buukna nu ngahaja sacewir nangkring
dina tarangna, éstu matak tibelat.
Hanca….
0 Response to "Di Pengkolan Jalan Kajaksaan - Ku : Bune Upik"
Posting Komentar