WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Carita Nyambung : # Adi Pulung # Bagéan Ka-1.



#CaritaNyambung_#AdiPulung#_BagéanKa-1_Ku:RatnaNing#

"Teétéh" nuju naon?" Manèhna nanya bari ngamanyunan na vidio kol.

     "Nuju VC an jeung ayi!" Bari males ngamanyunan.

     "Yèyy gorèng!" Manèhna ngajebian.

     "Nuju santèy atuh nya! Bade amengan ah kadinya. Ngadon ngopi!" Cenah. Kuring seuri.

     "Hiyaapp kadieu. Ngan nyandak kopina nya!" Cekèng.

     "Siaapp!!"

     Sapuluh menit geus datang ka imah. Makè motor gedè. Payus pisan da puguh awakna gè jangkung gedè.

     Cara sasari, mun datang tèh sok langsung sila di tèras luar.

     Tara daèk disambat ka jero. Pajarkeun tèh bisi jadi pitenah.

     Samak digelar. Song gelas kosong dua jeung cai na tèrmos. Kodèhèl manèhna ngaluarkeun kopi sarantuy. Roko mild jang manèhna sabungkus. Kuè biskuit dua bungkus. Martabak nu tadi dikeukeuweuk na plastik.

     "Rèk kèmping Gèr? Meuni sagala dibawa!" Kuring ngahèhèh.

     "Jiihh apan rèk ngadon ngopi ih. Tah martabak mah jang alo Gèri. De Aldi. Tètèh mah èta wè biskuit sapotong..." cenah bari seuri.

     "Iddih meuni geuleuh.." kuring nyengir bari muka dus martabak. Si bungsu Aldi nyampeurkeun, ngalèndotan.

     Nyahoeun pisan Gèri mah, budak kuring nu bungsu karesepna martabak. Unggal ulin ngadon ngopi gè sok tara poho ngajingjing olèh olèh èta.

     Wawuh keur ulin ka imah babaturan. Gèri tatangga Hesti, babaturan kuring. Harita keur ngalaliwet di imah Hesti. Hesti mah kapungpungan barudak ngora. Keur mah salakina gaul. Malum pasangan ngora kènèh.

     Umurna karèk duapuluh tilu taun. Pangawakan jangkung gedè. Saliwat mah jiga bujangan tulèn. Seger. Kasep jaba bangbangan deuih. Tapi manèhna geus kungsi rumah tangga. Cènah mah pamajikanna salingkuh. Ayeuna gè pamajikanna mah geus kawin jeung kabogohna. Geri geus tilu taun ngaduda. Omongna karunya ka Nèng Jihan, anakna nu ayeuna cicing jeung manehna.

     Baheula keur rumahtangga mah gawèna di bank swasta. Tapi saprak rumahtangga-na ancur, manèhna galau, gawè eureun. Tapi kituna tèh ari keur hirup sapopoè mah motèkar. Geri ngingu hayam kampung jeung sababaraha hiji hayam petelor.

     Lumayan cenah, endogna sok meunang semet sapuluh kilo. Hayam kampung nu digentenan gè geus jadi pamasok tetep sababaraha hiji warteg.

Nyambung...

Subscribe to receive free email updates:

3 Responses to "Carita Nyambung : # Adi Pulung # Bagéan Ka-1."

  1. Cukup bagus...enak dibacanya..ceritanya mengalir layaknya sebuah kehidupan yang nyata..

    BalasHapus
  2. Peryogi carnyam anu judul nya titisan indung beurang mamanawian aya

    BalasHapus