WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Carpon Misteri : JURIG KAMAR CAI (Bagian.7)




N
u ngorondang gancang pisan, beuki ngadeukeutan. Kuring nangtung, beretek lumpat. Salila lumpat, kuring ningali kaayaan sabudeureun téh jiga lain di mana-mana, euweuh tatangkalan, euweuh imah, ukur nempo nu ngajarentul teu puguh rupa. Kaayaan poék jiga peuting tapi teu ningali bulan ogé béntang. Hawana teu tiris teu panas. Teu karasa aya angin-angin acan. Kuring ngalieuk ka tukang, teu nempo nanaon. Reg ngarandeg. Baham calangap rék ngajorowok ménta tulung tapi teu jadi, kaburu aya nu ngaliwat ajlok-ajlokan mamaké boéh. Pocong...? gerentes kuring. Api-api teu ningali.

Kuring leumpang deui, luak-lieuk néangan jalan kaluar. Suku kuring titadi gé asa teu napak, teu katempo tincakeun. Asa leumpang dina luhur cai.

 Jempling. Taya sora jangkrik-jangkrik acan. Kuring teu ngarasakeun hawa kahirupan. Terus ngaléngkah nuturkeun indung suku.

 Lila-lila tuur asa léklok. Keur mah samémehna kuring geus “tempur” jeung Néng Noki di kamar losmén. Kuring jadi inget ka manéhna, miharep nganyahokeun kaayaan kuring nu kasasar teuing di mana.

 Nyoba nginget-nginget kajadian, terahir kuring panggih jeung jirim nu pikasieuneun di kamar cai losmén, tuluy teu sadar nyampak-nyampak aya di dieu. Ké..ké... jirim nu aya di kamar cai losmén persis pisan jeung nu aya di kamar cai imah kuring, jirim awéwé beungeutna ancur. Éta-éta kénéh, moal salah. Tapi naha aya di losmén? Boa nuturkeun kuring? Ras inget basa kuring nyéréd koper kalahka kabetot ka tukang jiga nu ulah dibawa. Tapi anéhna, ka Mang Jaja mah henteu ngaganggu sanajan milu modol gé. Hahh, pikiran kuring buntu. Euweuh téori nu logis ngeunaan nu kitu mah. Kumaha lamun kuring kajebak di dieu salilana?

 Jung nangtung, pokona kuring kudu bisa kaluar ti dieu. “Noki...?” kuring ngajorowok. Luak-lieuk. Euweuh nanaon, aman. Kuring terus jojorowokan ménta tulung nepi ka peura.

 Ti kaanggangan kuring ningali nu ngadapang bari ngarayap muru ka lebah kuring, buukuna ngarumbay nutupan beungeut. Rikat kuring malikkeun awak rék kabur. Nyampak di hareupeun geus aya nu nangtung bari ngaléhléh jiga nu leuleus beuheung, létahna ngélél. Kuring néangan jalan séjén. Ti unggal juru jul-jol jirim-jirim jiga mayit nu maraotna teu wajar.

 Kuring katingker.

 Gup-gep kana awak kuring. Aya nu ngalétakan, aya nu ukur melongkeun, aya ogé nu muntangan kana suku bari nyényéréd. Reup kuring peureum. Bau getih jeung rupa-rupa, kuring mengkék irung.

 Lila-lila kuring teu ngarasakeun nanaon. Lalaunan beunta. Bréh, jirim nu sok di kamar cai keur ngajanteng bari mencrong. Leungeunna nunjuk ka kuring.

 “Anjeun...kudu...tanggung jawab,” pokna.


 Ujug-ujug suku kuring ngaléngkah sorangan - maju - nyampeurkeun...


Hanca...

















Subscribe to receive free email updates:

5 Responses to "Carpon Misteri : JURIG KAMAR CAI (Bagian.7)"