WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Carita Nyambung : # Adi Pulung # Bagéan Ka-2.



#CaritaNyambung_#AdiPulung#_BagéanKa-2_Ku:RatnaNing#


B
ageur Geri tèh. Beuki heureuy deuih. Resep mun ngobrol jeung manèhna sok sumringah wè seuseurian.
Keur anyaran ulin mah puguh gè rada sieun. Sieun ulinna Geri tèh jiga lalaki lalaki sèjèn. Abongkèna ka randa, sok purunyus jeung ngalècèhkeun. Kawas Darma, Pandi jeung Duloh. Karèk sakali ulin geus kumawani capang cepeng. Kulang kalèng. Komo Darma mah, makè wani nyium sagala. Pajarkeun tèh, wajar, piraku teu kangen. Prèèèttt...Teu ieuh.

Tapi Geri mah henteu. Diuk gè sok pajauh. Pajarkeun tèh bisi nyetrum.

"Piraku ka Geri nyetrum mah ah. Budak kamari sorè ogè!" Kuring sok ngalècèh.

"Yèlèèhhh lalawora ai tètèh. Budak satepak gè geus peurahan Geri mah Tèh. Geus bisa ngabura deuih..."

"Nya da oray sinduk!"

Kitu wè, kuring jeung Gèri jadi akrab. Kuring asa ka adi. Gèri gè meureun kitu. Manèhna perhatian pisan ka Aldi jeung Ani, lanceukna. Najan Ani geus kelas tilu SMP, Geri teu ragab mun nganteur kaditu kadieu.

"Kadè Ani tong dibogohan Gèr. Ani mah kajeun bongsor gè bolon kènèh...' kuring sok ngaheureuyan.

"Ahh teu kabita Geri mah. Asa ka adi ka Ani tèh. Daripada ka anakna mah mending ka indungna wèè..."

'Hiiiss...indungna mah geus nini nini ihhh..." kuring ngagebès. Gèri nyèrèngèh.

Teu boga pikir nanaon keur kuring mah. Deukeut ..akrab jeung Geri nya asa ka adi wè. Asa ka babaturan ongkoh. Gèri sok nelepon mun kuring rèk nutup toko. Kadieunakeun mah ampir unggal sorè manehna datang mapagkeun bari mantuan nutupkeun toko.

"Karunya ka Tètèh. Keun wè da pagawèan Geri mah nyantèy. Sorè mah geus bèrès marab hayam ongkoh!"

Kuring asa boga batur pakumaha. Batur ulin ongkoh nu mawa hatè tenang. Mun malem minggu sok diajakan ngaliwet di babaturannana. Kajeun asalna mah embung. Sieun Geri ngarasa èra mawa awèwè geus nini nini.

'Naha makè kudu èra. Pan Tètèh tèh lanceuk Geri atuh. Kajeun Gerina embung jadi adi ogè..."

"Tuhhh pan. . . Èra nya boga lanceuk gorèng?"

"Henteu ih. Tètèh tèh manis. Komo mun tos imut. Lucu..."

Nyambung...

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Carita Nyambung : # Adi Pulung # Bagéan Ka-2."

Posting Komentar