BEBEGIG SUKAMANTRI. SENI TRADISI DIPICINTA BALARÉA
Ku : Ida Nurulhuda
Baheula mah, Bebegig Sukamantri ukur midang sataun sakali. Unggal tanggal 17 Agustus. Mun kadéngé kolotokna patingtorolok, karasa geueuman. Abringanana sakapeung ngawurkeun keueung. Dedegna hideung rambéos, mata gedé barolotot, huntu ranggéténg pikasieuneun. Dikongkorong tasbé nu sikina sagedé-gedé bal pingpong. Huluna bala ku dangdaunan. Buuk gimbal ririaban.
Meunang dangdan di astana téh nyaan, mawa hawa mistis ka nu lalajo. Pan kitu, ti mimiti nyieun tatagar (rangka bebegig), jeung neundeunan pangadegna kudu di astana. Katambah asesorisna, dangdaunan tina tutuwuhan nu aya di astana. Kayaning daun waregu, kadaka, jeung buah kalayar. Béh dituna, bubuay (kembang hoé) minangka buuk bebegig, heuseus diala ti leuweung nu jauh ti lembur.
Lantaran dipahing muka kedok, bebegig baheula tara tinggaleun ti pepedangan. Dijadikeun iteuk pikeun nahan kasaimbangan awak, sangkan teu ngagaléong ku momot kedok (20 kg-70 kg) nu dipapanggul. Ti mimiti liar ti astana, helaran, muru ka lapang upacara, nepi ka mulang deui téh, tara aya bebegig nu nurunkeun kedokna. Atuh tara apal saha-saha waé nu jadi bebegig.
Numutkeun Kang Ii Kuswara (62), Kuwu Sukamantri, Kitu peta bebegig baheula téh lain karana unsur mistis-mistis teuing.
"Jaman anyar merdika nepi ka Orde Baru, rahayat hésé pisan dikukuprak milu upacara. Loba nu horéam baris atawa mawa bandéra. Tapi hayang miluan upacara, ngareuah-reuah kamerdikaan. Nya nu mumul baris jeung mawa bandéra téh jaradi bebegig. Nyumput tina kaéra teu milu kana barisan" Katerangan Kuwu nalika dikonfirmasi dina acara karnaval.
Ti taun dua rebuan, sanggeusna bebegig ilu biung tur jadi pinunjul dina Kemialu Nusantara, beuki loba nu mikawanoh. Tampilanana ogé tambah nyeni. Modis jeung luis. Midangna lain dina agustusan wungkul, tapi mindeng ditanggap di nu kariaan. Lamun baheula sok lalumpatan dideukeutan ku bebegig, kiwari mah sabalikna. Harayang selpi jeung bebegig.
Nu jaradi bebegig ogé teu ukur lalaki. Dalah wanoja, loba ayeuna mah. Barudak lalaki komo deui. Teu ‘kerén’ mun can nyobaan jadi bebegig. Barudak di Sukamantri jeung sabudereunana, ti umur balita kénéh geus raresep kana bebegig. Daun waregu, kolotok, jeung bubuay, jadi barang istiméwa tur dipikaresep ku barudak lembut. Bélaan nyaréngcéléngan sorangan hayang boga kostum bebegig téh. Sapangadeg hargana ti mimiti 200 rebu nepi ka sajutaan. Gumantung ukuran jeung alus henteuna kedok.
Kiwari Bebegig Sukamantri jadi salahsahiji aikon Budpar Ciamis. Réa meunang pangajén ti sawatara instansi, boh pamaréntah atawa swasta. Mindeng ngalanglang ka luar daérah.***
0 Response to "BEBEGIG SUKAMANTRI. SENI TRADISI DIPICINTA BALARÉA"
Posting Komentar