Saminggu Persiapan LTUB di SDN Bungursari
Purwakarta - Warta Sunda Onliné,
A
|
présiasi peserta didik SDN Bungursari Kecamatan Bungursari dina
kaparigelan Lomba Tata Upacara Bender (LTUB) Tingkat Kabupatén Purwakarta. Éta kagiatan
téh dina raraga ngahudang sumanget rasa nasionalisme jeung rasa disiplin dina
kahirupan sapopoé.

Mugia ku ayana kagiatan LTUB ieu,
dipiharep para peserta didik pikeun leuwih kana kacintaan ka lemah caina. Pon kitu
deui dipiharep leuwih apal kana pentingna Upacara Bendera sarta bisa
ngaiplementasikeun dina kahirupan sapopoé peserta didik di imahna
sewang-sewangan. Kitu kasauran Kepala UPTD SDN Bungursari, Ahyar, S.Ag nalika
ngawangkong jeung Warta Sunda Onliné, bada sanggeus acara LTUB di sakolana.
Poé Kemis kamari, di SDN Bungursari tara
tisasari Bandera Beureum-Bodas dikibarkeur di buruan sakola jam 07.00 WIB,
kalayan ngelebet ngalanglang alam jagat Purwakarta hususna diwewengkon
Kecamatan Bungursari.
Ping 17 Oktober 2019,
Rengrengan pihak sakola katut para kepala sakoka kaleresan nganggo raksukan
acuk Korpri tiap sasihna. Nya dina hal ieu mah aranjeuna ngiring aub Lomba Tata
Upacara Bendera (LTUB).



Inyana ngahaturkeun rewu-rewu nuhun
hususna ka para orang tua siswa nu milu aub pikeun nyukseskeun lomba éta.


Malah mandar kungsi ngawakilan sakola dina
widang seni mintonkeun Jaipongan di STS sawatara waktu katukang. Lomba Battel
Dance 2019 bulan Agustus-September 2019.***