WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

PASIPATAN JALMA


Pasipatan jalma aya dua rupa, nyaéta sipat hadé jeung sipat goréng.

Pasipatan jalma nu hadé
Getol = upama digawé henteu loba ngareureuh, budak sakola jarang absén.
Rajin = daékan kana gawé
Rapékan = sagala pagawéan dicabak
Wekel = digawé henteu bosenan
Singer = kana gawé trampil
Béréhan = resep barang béré
Tanghian = resep hudang isuk-isuk
Soméah, daréhdéh, géréwél = akuan, resep nanya
Gemi, rikrik = resep neundeun rejeki
Wanteran = wani, henteu éraan
Daékan = lamun dititah tara hésé
Pinter = uteukna sagala bisa
Sopan = nyaho anggah-ungguh tatakrama
Parimpen = neundeun barang dina tempatna, henteu asal baé
Tartib = ati-ati dina sagala pagawéan
Satuhu = nurut kana sagala papatah/paréntah
Apik = Ati-ati kana pagawéan supaya hasilna hadé
Berséka = apik kana ngurus awak jeung pakéan
Adil = henteu pilih kasih
Wijaksana = mutuskeun hiji perkara pisugemaeun, teu aya pacéngkadan
Balabah = resep tutulung
Basajan = sederhana, henteu kaleuleuwihi dina laku lampah
Suhud = soson-soson kana pagawéan
Tarapti = henteu lalawora dina sagala rupa hal, salilana ati-ati
Antieum = lungguh, henteu loba tingkah
Surti = nganyahoankeun kana kahayang batur
Deudeuh = Welas asih atawa nyaah ka sasama
Sabar = tara ambek
Tawekal = dina sagala rupa hal prihatin henteu aral

Pasipatan jalma nu goréng:
Kebluk = jalma anu hésé dihudangkeun
Mumulan = embung digawé
Deleka = resep nyiksa sasatoan
Codéka = geus katohyan kalakuan goréng
Cunihin, purunyus = tingkah lacuna pikasebeleun
Awuntah = teu bisa nyimpen rejeki
Rucah = resep miceunan duit teu puguh
Cegisan, cegékan = henteu payaan resep ngawada
Centil, ganjen = tingkah lacuna kaleuleuwihi
Kuuleun = anu teu aya guam, teu boga kahayang
Cileureun = balangah upama di sina tunggu
Murugul = mawa karep sorangan
Géhgéran = resep pipilueun
Nyendeng = awéwé baha ka salaki
Céngéng, belikan, delitan = gampang putus harepan atawa tampaan kana omongan
Tolohéor = mata karanjang teu kaop nempo nu geulis
Beubeulieun = resep diugung-ugung
Orowodol = digawé asal baé
Tiktikan = méré résiko (balanja) sok ngutik-ngutik ditanyakeun
Barangasan = gedé ambek
Bengis = gede ambek sok mergasa
Panasbaran = jalma panasan teu kaop kaluhuran dunya
Tungi, degig = bedegong tara daék nanya
Campelak, culangung = wani ka saluhureun
Limpeuran = pohoan kana teundeun sorangan
Teureugeus, seureudeug = digawéna gurung gusuh
Suudon = goréng sangka ka batur
Ngabalun = indit-inditan kamana karep
Saliwang, liwar = salah pangdéngé
Burahol = gedé rahul (wadul)
Wangkelang = tara nurut kana papatah
Cologog, colonos = teu aya tata krama
Tambélar, jolédar = henteu ngariksa ka kolot
Bawél = resep nganteurkeun omongan ka batur
Céréwéd = réwél teu weléh ngomong
Pelekik = sok ngarah barang atawa ajang keur batur
Malaweung = teu husu upama dipapatahan
Cidra = bohong kana janji.

Cag.

Subscribe to receive free email updates: