WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Panineungan Tokoh Sunda Makalangan, Jenderal TNI.[Pur.] Umar Wirahadikusumah.


Keterangan Poto :

Mayjen.TNI Umar Wirahadikusumah salaku Panglima Kodam Jayakarta[1961-1965].Sakaligus anjeuna Panglima anu Munggaran.


K
eur urang Sunda nu makalangan dikapamaréntahan pusat mah arang langka nanjeur. Ngan rata-rata urang wétan waé nu nanjeurna mah. Tapi dina mangsa kapamimpinan Présiden Suharto mangsa baktosna 1983-1988 wawakilna Putra Sunda anu ngajabat Wakil Présiden Republik Indonésia ka opat nyatana Bapa Umar Wirahadikusumah.
Riwayat Hirup Singketna Bapa Umar Wirahadikusumah.

Poe ieu dina sajarah... nyaéta tanggal 10 Oktober 1924, minangka tanggal gumelarna Pa Umar Wirahadikusumah di Situraja Sumedang Jawa Barat tipasangan Raden Rangga Wirahadikusumah (wedana Cibatu - Garut) jeung Nyi Raden Lesmana Ratnaningrum (Puri ti Bandung Wétan).
Keur meujeuhna sakola, Umar Wirahadikusumah diajar di E.L.S (Europeesche Lagere School/SD) di Cicalengka. MULO/SMP di Cimahi, Tasikmalaya.
Dina mangsa pangdudukan Jepang milu Seinen Dojo di Dago Bandung jeung Tangerang dituluykeun Pendidikan PETA di Bogor.
Sanggeus Proklamasi 17 Agustus 1945, anjeuna miluan BKR nu Cikal Bakal TNI jeung tugas di Divisi Siliwangi. Anjeuna pernah jadi Ajudan Kol. A.H. Nasution, Panglima munggaran Divisi Siliwangi [1946-1948].
Di Siliwangi anjeuna milu dina operasi-operasi saperti ngalumpuhkeun PKI Madiun 1948, DI/TII Kartosuwirjo jeung PRRI di Sumatera Kaler.
Saprak 31 Januari 1959 Kol. Umar Wirahadikusumah diangkat salaku Komandan Militer Kota Besar Djakarta Raja [KMKB-DR] nu saterusna jadi Kodam Jayakarta ieu anjeuna nanggung jawab anu pohara gedéna. Salian gangguan anu masih kénéh aya, anjeuna ogé kudu nanggung jawab kana keamanan babaraha proyek gedé nasional saperti Monas, Istiqlal jeung Gelora Senayan atawa Stadion Bung Karno.
Saprak Kajadian Tragedi Nasional nyaéta Pemberontakan G30S/PKI, salaku Pangdam Jaya anjeuna maénkeun peran penting jeung gancang bertindak dina raraga koordinasi jeung Pangkostrad Mayjen. Soeharto jeung dirojong ku Menko Hankam/KASAB Jenderal A.H. Nasution. Kalayan di lapangan aya RPKAD pimpinan Kol. Sarwo Edhi Wibowo.
Tanggal 2 Desember 1965 Pa Umar nyangking Panglima Kostrad jeung saterusna 4 Desember 1969 ngajabat salaku KASAD.
Ping 10 Maret 1973 diangkat salaku Ketua BPK salila 2 periode nepi 11 Maret 1983.
12 Maret 1983 anjeuna diangkat salaku Wakil Présiden Republik Indonésia nepi 11 Maret 1988.


Keterangan Poto :
Mayor Umar Wirahadikusumah,komandan batalyon 3/Tajimalela/Brigade II Siliwangi/KRUZ[kesatuanReserveUmum'Z'.batalion na nu munggaran terlibat dina pertempuran-pertempuran[div.panembahansenopati nu kapangaruhan paham kiri]di kota Solo..[letjen.pur.Himawansutanto'SiliwangiMenumpasPKI'48madiun,;soeHokGie'orang-orangdipersimpangankiri'].*
Wafat.
Mantan Wakil Présiden R.I. [1983-1988] Umar Wirahadikusumah ngantunkeun, kirang leuwih jam 17.53 WIB., poé Jum'at 21 Maret 2003 di RSPAD Jakarta sarta dimakamkeun di TMP Nasional Jakarta.***



Keterangan Poto :
Makam Alm.Pa Umar Wirahadikusumah di Taman Makam Pahlawan Nasional Kalibata Jakarta Selatan.










[Sumber ti Wikipedia Basa Sunda,; Letjen. Pur. Himawan Sutanto 'Siliwangi Menumpas PKI Madiun'48,; Perpus. Nasional,; fb: UmarWirahadikusumah].

Keterangan Poto : Dina raraga Mieling Ulang Tahun Perkawinan Ibu Karlinah Umar Wirahadikusumah sareng Pa Umar Wirahadikusumah.


Keterangan Poto :

KASAD Jenderal TNI.Umar Wirahadikusumah nyaksian peragaan pesawat militer dina raraga nganjang digawe ka Perancis,antara 1971-1973.*


Keterangan Poto :

KASAD Jenderal TNI.Umar Wirahadikusumah jeung Pejabat Militer Amerika Serikat[US.Army] dina acara kenegaraan.[1970-1972].* 


Keterangan Poto : 
Sasama Munggaran,..Kapungkur Kol.AH.Nasution Panglima Munggaran Divisi Siliwangi,..mangsa ka hareup Mantan Ajudan na nyaeta Mayor Umar janten Panglima Munggaran Kodam Djajakarta. Poto iyeu numutkeun sumberna dipotret babaraha poe sa acan kajadian Tragedi Nasional[G30S/PKI] katuhu Pa Nas,ajudan na Pa Umar{Pangdam jaya harita] palih pengker Lettu CZI Pierre A Tendean salaku ajudan Pa Nas. 2 Jenderal TNI iyeu maenkeun peran anu penting dina Kajadian Nasional eta ka asup sewang-sewang ajudan na.{Disjahrah TNI-AD,;SiliwangiDariMasakeMasa.cet1970].*

Keterangan Poto : 
Pelantikan Ketua BPK Jenderal TNI Umar Wirahadikusumah jeung Wakil na Mayjen.Sudrajat di Istana Negara 1973.*

Keterangan Poto : 
Dina raraga Mieling Ulang Tahun Perkawinan Ibu Karlinah Umar Wirahadikusumah sareng Pa Umar Wirahadikusumah.*

Keterangan Poto :
Poto Kaluarga Pa Umar Wirahadikusumah-Ibu Karlina Djaya Atmadja[calik] diriung ku Putri jeung Incuna.Rina Ariani[nagendong putrana],Nila Shanti[pengker Ibu Umar].[fbUmarWirahadikusumah].*


Subscribe to receive free email updates: