Nu Ngadodoho Bagian ka-1 Ku: Erni Wardhani (Facebook Erni Berkata)
Nu Ngadodoho
Bagian ka-1
Ku: Erni Wardhani (Facebook Erni Berkata)
"Bu, kenalkeun, sobat Ayah basa nuju SMA, kapungkur," ceuk salaki bari asup ka jero imah, dituturkeun ku hiji lalaki.
Treup paadu teuteup. Kuring ukur unggeuk.
"Éga." Manéhna nyebut ngaran bari nyolongkrongkeun leungeun.
"Ké heula, Bu, tong waka ka lebet."
Kuring anu geus malikkeun awak, ngarandeg. Gék diuk gigireun salaki.
"Bu, sugan aya réréncangan anu acan nikah, urang jodokeun ka Éga."
Angger, lain sakali dua kali, peta salaki kitu téh. Tapi ku kabeneran sok ngajarodo. Dipikir-pikir, itung-itung ibadah wé kétang. Ti mimiti Kang Sarip ka Linlin, Kang Uténg ka Mimin, Kang Septa ka Norma. Éstuning marulus, nepi ka karawinna. Malah mah geus baroga anak. Jeung kabeneranana téh ku raruntut-raut. Béda jeung kahirupan rumah tangga kuring. Awét rajét. Awét sih, tapi rajét, sok mindeng hoghag.
"Saha, atuh, nya ...." Kuring neuteup Éga anu keur ngagelenyu.
Salila neuteup, kuring ngira-ngira pisahaeun anu rék disandingkeun jeung Éga. Kasép mah kasép, ngan jajaran pasar, tapi bangunna bageur. Jaba sopan. Implengan jadi mapay ka babaturan anu keur kabeneran teu boga salaki, da lamun ka parawan mah, asa kurang loba kawawuhan.
Linda, asa moal saimbang, lincah teuing, karunya Égana. Lamun ka Dénti, sarua lungguhna, bangun moal ramé. Vira, enya gé geulis, ngan anakna geus déwasa, asa bangun moal daékeun.
"Kumaha, Bu?" Salaki ngagebah.
"Saha, atuh, ari Ayah ..."
"Éta geuning, Bu, anu bumina di Pasir Gedé. Manis, jaba bageur."
Leng kuring ngahuleng, bari nyipta-nyipta anu boga imah di Pasir Gedé.
"Oooh, Lani?" kuring satengah nyelengkeung alatan atoh. Bener ogé, bangunna bakal cocok.
"Enyaaa, Lani, coba ibu aya potrétna teu?" Ayah mimiti sumanget.
Kuring langsung muka hénpon. Pasti aya, soalna can pati lila, kuring pernah panggih di hiji lawungan. Terus sélfie lebah anu aya spanduk gede. Séréngéh, kuring nyéréngéh, nempo potrét Lani, aya nu keur sorangan. Manis, hideungna gé hideung santen. Keur maké baju pémda, tiung kembang-kembang pulas krem sahéab. Nyari. Gasik kuring nyampeurkeun salaki bari melongkeun potrét Lani. Salaki pipilueun atoh. Rikat manéhna ngadeukeutan Éga. Song si potrét diasongkeun ka Éga, tuluy neuteup potrét rada lila.
"Kumaha, cocok, teu?" salaki bangun teu sabar. Kuring jadi pipilueun deg-degan bisi kurang cocok.
Éga unggeuk bari imut surti. Potrét na hénpon dibikeun deui ka kuring. Kuring ukur bisa nampanan.
"Sok rek hayang poé naon ditepungkeunana?" salaki jadi beuki sumanget.
"Nya engke urang ningal heula jadwal Éga. Cobi Téh, abdi nyungkeun nomer Tétéh, kin pami abdi tepang sareng Lani, hoyong disarengan ogé ku Tétéh supados abdina teu geumpeur." ceuk Éga bari siap-siap nyatet nomer hénpon.
"087800010203...."
...
Hanca.