Kendi Jadi Tempat Nyimpen Cai Nginum di Perkantoran Pemkab Purwakarta
P
|
amaréntah
Kabupatén Purwakarta teu pernah eureun ngainovasi. Kiwari, Bupatina keur ngembarkeun ngeunaan ngagunakeun kendi sacara
resmi di sakabéh perkantoran di kabupatén éta. Pikeun leuwih apal, yén kendi téh
ngarupakeun tempat keur nyimpen cai nginum nu bahanna tin taneuh beureum.
Purwakarta kakoncara salahsahiji
daérah sentra nyieun karajinan tina bahan dasar taneuh liat. Hususna di
Kecamatan Pléréd minangka nu jadi andalan keur kabupatén tina widang pengembangan
ekonomi kreatif produk keramik. Samalah Kendi ngarupakeun ciri produk nu
kawentar ka awun-awun nu dihasilkeun daérah eksportirna.
Bupati Purwakarta, Hj. Anne
Ratna Mustika nyebuteun yén bahan dasar taneuh liat leuwih ramah lingkungan. Ieu
mun dibandingkeun jeung alat nyimpen cai nginum lain nu bahan dasarna tina palastik.
Ku kituna, pihakna leuwih percaya maké kendi pikeun wadah nginum cai, samalah di
sakuliaheun kantor pamaréntah di Purwakarta wajib maraké kendi.
“Kendina ogé bisa didesain
ulang pikeun bentukna leuwih gedé, saperti dispenser. Nepi ka, bisa digunakan keur
nyimpen cai nginum keur pagawé dihiji ruangan. Malah mandar para pagawéna biasa
mawa mug sorangn ti imahna. Sakalian, nendekeun cai nginumna dina kendi gedé
téa,” kitu ceuk Anne nalika ditepungan ku awak média dirohangan gawéna di Jalan
Gandanegara No 25, Kabupatén Purwakarta, poé Juma’ah (18/10/2019).
Nurutkeun Anne, loba mangpaatna
nu bisa disangking tina aspek pemeliharaan lingkungan. Saperti halna dina
ngagunakeun kendi éta téh tiasa nyiptakeun pangsa pasar anyar pikeun produk
keramik Pléréd. Salila ieu, produk di daérah éta geus kakoncara ka mancanagara.
Ngan hanjakal, animo masarakat Purwakarta sorangan can maraké produk lokal can
mekar sacara massif.
“Sedengkeun Pasar Eropa, China jeung
Amerika lian ti Asia salila ieu jadi target pasar keramik Pléréd. Éta perlu
terus dirojong. Pon kitu deui, urang tong mopohokeun pangsa pasar lokal
Purwakarta. Kiwari, Pemkab Purwakarta méré picontoeun dina ngagunakeun produk
Pléréd keur kabutuhan sapopoéna,” pokna.
Misi Lingkungan, Ngurangan Runtah Palastik
Lian ti orientasi utilitas, Pamaréntah
Kabupatén Purwakarta ogé ngarojong ayana orientasi lingkungan. Nurutkeun Anne, yén
aya misi lingkungan keur ngurangan runtah palastik, lian ti maké kendi éta.
“Pagawé teu perlu meuli cai
nginum dina kemasan palastik nya!. hartina, ieu tujuannana sangkan ngurangan
runtah palastik. Ku kituna, hiji pasualan lingkungan geus bisa dibérésan ku
tarékah jeung patéahna éta,” pokna deui.
Biang ti Hyang Sukma Ayu éta ogé
negeskeun tiap kantor pamaréntah di Kabupatén Purwakarta kudu boga ciri dina
ngokolakeun runtahna. Inyana miharep ka Dinas Lingkungan Hidup sangkan tong
ngangkut runtah unggal poé di kantor pamaréntahna.
“Malahan kantor pamaréntahna kudu
bisa ngaklasifikasi runtah organik jeung non organik. Saterusna, dilola jeung diolah
sorangan runtah éta. Pihakna bisa ngandelkeun Dinas Lingkungan Hidup, lantaran
masalah runtah mah pasualan babarengan,” pokna.
Poma deui, patula-patalina
jeung pengelolaan runtah ku masing-masing kantor pamaréntah geus aya dina surat
edaran téa. malahan, nyoko kana nomér : 658.1/3419/BKPSDM. Lumakuna aturan éta,
tiap pagawé pamaréntah dipiharep jadi agen pasapon lingkungan. (*)