Kabelejog Asih (Bagian ka- 2) Ku: Erni Wardhani
Parantos medal Buku Carita Nyambung *Kabelejog Asih
Karya Erni Wardhani.
Bilih nu peryogi tiasa hubungi ka Pa Cucu Kepala SMPN 3 Tegalwaru.
Kabelejog Asih (Bagian ka- 2)
Ku: Erni Wardhani
" Lain Papah teu nyaah deui ka Mamah."
Celengok buuk kuring dicium. Cipanon teu karasa ngaburubut, teu bisa dikompromian. Kuring tetep matung. Cipanon na pipi, lalaunan disusutan ku raramo Papah. Kuring rikat nyurungkeun awakna sina ngajauhan. Papah teu loba uget. Léos manehna ngaléos.
Gebru panto satengah ditajong ku suku kénca, ngarah nutup. Kuring cengkat, tuluy ngonci. Bru deui, ngabeubeutkeun awak kana kasur. Hirup meni asa hapa. Padahal salaki karék érék ngomongna gé. Komo lamun teu bèbèja heula. Kacipta. Palias, bararaid.
" Bu," sora nyi Èpon, pembantu kuring, lalaunan ngageroan. Leungeunna keketrok.
Kuring cengkat, teu wasa pipilueun ijid ka pembantu anu teu tuah teu dosa. Cetrék, panto kamar dibuka. Nyi Épon semu olohok nempo panon kuring anu carinakdak.
" Kumaha, Nyi?"
" Damelan tos bèrès, Bu ... abdi bade uih."
Kuring unggeuk.
" Candak pindang anu na bungkus koran, gigireun wadah bumbu, Nyi."
" Hatur nuhun atuh, Bu." Léos Nyi Èpon ngalèos deui Ka dapur.
" Bapa ka mana, Nyi?"
" Tadi mah ngobrol sareng Pa Ayi di payun, Bu," cenah bari langsung uluk salam.
Kuring unggeuk sabari ngajawab salamna.
Kuring boga niat rèk ngajugjug imah Dèdèh, da diWA teu malesan waè. Baè, itung itung silagurahmi ari kitu tèa, mah. Tapi moal ka nu motor, rék naék angkot wé. Maklum, ari keur kondisi pipikiran teu merenah kieu téh, sok jadi sieun malaweung, der kalah kacilakaan.
Ku lantaran sieun kaburitan teuing, kuring rada buru-buru dangdan gè. Teu mandi soré, niat téh, éngké wé balik ti imah Dédéh. Ukur sibeungeut, tuluy maké alas wedak jeung diwedak ipis. Maké lipen anu warnana rada caang, ngarah teu kaciri teuing geus ceurik.
Lomari rusuh dibuka, panon lincah nitènan warna kurudung anu kira-kira asup kana warna baju. Kuring ngadudut kurudung warna dasar hideung motif hejo toska. Dikurudung gé sakeunana, teu cara biasana, sok dibulat beulit. Lomari ditutupkeun deui. Tas anu ngagantung dina kapstok pakèan dibawa, teu poho kana hénpon. Saméméh indit, kuring nulis na keretas sacewir, bebeja ka si Papah.
Mamah ka babaturan. Sore uih.
Ngahaja teu liwat hénpon. Bisi teu meunangeun. Masing keur paséa gé, kurang kumaha, kuring mah sok bébéja kénéh. Sok sieun jadi pamajikan anu doraka ka salaki. Der kuburan nyempitan, kéh jaga. Modél judul na sénétron.
Sanggeus ngonci panto, tuluy kuring neundeun konci dina pot gantung hareupeun jandéla kamar. Si Papah gé geus apaleun, da mémang sok diteundeun di dinya. Ari diteundeun na handapeun kékéséd mah atawa luhureun mèteran listrik, éta mah geus jadi rusiah umum. Bangsat gé geus arapaleun. Matakna teu di dinya. Panto pager mah teu dikonci. Karunya kénéh ka salaki, piraku kudu naék pager anu jangkungna sadada awéwé dèwasa.
Megat angkot tara hésé, da mémang kaliwatan. Tapi geus sababaraha hiji angkot anu liwat, ngan pinuh jeung pinuh waè. Bener-bener nguji kasabaran. Bari ngadagoan angkot , kuring muka henpon. Tètèla Dèdèh geus malesan, malah nyanggupan ulin ka imah jelema pinter tèa, tapi manèhna can balik ti imah mitohana. Masih mudik kènèh. Ku lantaran kagok geus saged, tungtungna kuring mutuskeun tetep rèk iinditan. Kamana wè kumaha engkè.
Teu kungsi lila, torojol angkot kosong. Kaciri ukur supir anu dihareup, jeung panumpang nini-nini, hiji deui budak abègè.
Memang geus kabiasaan, maen hénpon tèh, teu di mana, teu di mana. teu pangacualian na angkot. lumayan ubar baeud. Sok aya wè nimu pikaseurieun tèh. Saenggeus rada wareg mah, henpon diasupkeun kana tas.
Sabot ngasupkeun henpon kana tas, sajorelatan panon nempo barang di juru jok angkot. Tètèla dompèt kulit. Dompèt lalaki, lantaran ukurannana model loket lalaki. Kuring melong ka supir anu keur anteng nyupiran. Teu ngobrol jeung nini nini anu gigireunnana, horèam bangunna mah. Tuluy ngarèrèt Ka budak abege anu keur jongjon maèn henpon bari cungar cengir.
Dompet dikoèr ku suku kènca. Ngagèsèr, ngadeukeutan. Lalaunan ku kuring dicokot. Paralun lain hayang eusina, puguh karunya kanu bogana. Mana teuing riwah riwih ayeuna tèh, keur neangan. Tètèla dompèt mahal. Aya hurup P bulenek, rada miring saeutik di juru handap beulah kèncana.
" Papillon." Kuring ngagerentes na hatè.
Moal kurang ti 450 rèbu hargana. Dompèt diilikan, tapi can wani muka jerona. Hatè ngilu tagiwur. Insyaallah moal kagoda naon nu aya dijero. Matak kieu gè, kuring ditunjuk nu maha Asih, jang malikeun. Hatè panceg rèk mukaan ieu dompèt, engkè di Yogja dept. store. Enya, ah, mending ulin Ka dinya. Rèk cuci mata, sugan wè aya baju atawa sapatu anu dipikabogoh. Biasa ari awèwè mah, lumpatna sok kanu kararitu ari keur parusing mah. Ayeuna mah, asa teu hayang ngabaso, sok komo sababaraha kali ngaliwat tukang baso anu ngeunah, masih parinuh kènèh.
Kuring nepi ka Yogja. Beuteung karasa lapar. Samèmèh ningalian baju, kuring rèk ngadon ka KFC heula. Mèh jongjon. Teu pati pinuh, lolobana barudak abègè anu ngadon dalahar tèh. Sanggeus meunang pesenan, pingping handap, sangu jeung coca cola, baki dibawa ka korsi sofa anu pangjuruna. Lumayan rada sepi.
...
Hanca