Jabang Tutuka, Respon Cepat Penanganan Persalinan Purwakarta
S
|
alain Program Saung Ambu, Pemkab
Purwakarta, terus nguapayakeun méré pelayanan kesehatan sacara maksimal ka
warga masarakat. Saperti halna, keur layanan kasehatan ibu hamil jeung nu rék
ngalahirkeun.
Lain saukur pasualan ngajamin
soal biaya pengobatan wungkul, tapi ogé ngagampangkeun ibu-ibu nu keur
kakandungan jeung nu rék babar bisa
kenging layanan kasehatan anu layak. Pon kitu deui, kesehatan budak nu
geus dibabarkeun.
Upaya éta diimplementasikeun ku
ngagilirkeun progam Jabang Tutuka, nyaéta layanan Call Center husus ibu-ibu nu
rék babar. Utamana mah keur nanganan persalinan anu bermasalah.
Bupati Purwakarta, Anne Ratna
Mustika ngeceskeun, yén program Jabang Tutuka téh minangka program layanan emergenci
persalinan sarta ngagampangkeun masarakat meunang rumah sakit rujukan.
“Jadi dina teknisna mah, mun tina
proses persalinan di hiji bidan, yén si pasieun éta téh perlu rujukan ka Rumah
Sakit, ku kituna bidan langsung nelepon ka operator Jabang Tutuka. Engke, pihak
operator nu stanbay ngarahkeun ka RS nu geus aya,” pokna Anne, ka awak média.
Nurutkeun Anne, operator Jabang
Tutuka engkena gé milarian keur pikamareun nu kosong pikeun pasieun di 10 rumah
sakit nu geus gawé bareng jeung pamaréntah. Sanggeus aya kamar, si Pasieun
sagancangna bisa dirujuk dina itungan waktu, malahan aya 9 operator nu siap
siaga ngalayanan.
“Salapan operator nu siaga éta
téh, tugas-tugasna mah sakur ngarahkeun pasien anu urgent sangkan bisa langsung
meunang rujukan,” pokna.
Ngan, nomor layanan call center éta
téh, teu bisa dipublis sacara umum. Kulantaran, nomerna husus coneksi
dilingkungan bidan jeung dokter kandungan di unggal Puskesmas.
Saur Anne, alesan digulirkeunnana
layanan éta téh. Nitenan salila ieu nu jadi bangbaluh téh tina pasualan
lambatna penanganan pasieun di RS.
Salahsahijina, musababna ruangan
pinuh. Ku kituna, loba pasien ngan saukur dilayanan di UGD, atawa ditolak
rujukanana alesan kamarna parinuh.
“Tapi ku ayana layanan ieu téh,
pasien teu perlu hariwang. Kulantaran para petugasna siap milarian tempat-tempat
rujukannana, kalebet siap siagana kendaraan ambulan,” pokna Bupati.
Sedengkeun 10 rumah sakit nu geus
gawé bareng jeung pemkab ieu téh, diantarana RSUD Bayu Asih, RS. Ramahadi, RS.
Siloam, RS. MH. Thamrin, sarta RS. Bhakti Husada. Inyana miharep, ku upayana
layanan ieu tééh bisa maksimal pikeun ngalayanan masarakat.
Bupati ogé ngajelaskeun, alesan
dijieunna layanan progam Jabang Tutuka ieu téh pikeun ngaminimalisir angka
kematian ibu (AKI) dan bayi (AKB). Lantaran salila ieu, pasualan AKI jeung AKB
di wilayahna masih kaitung luhur.
Nurutkeun data taun 2018, saur
Anne, nu tilar dunyana ibu nu rék babar téh aya kana 32 kasus. Sedengkeun,
angka tilar dunyana bayi nu kakara borojol téh undak nepika 47 kasus. Sarta, 10
kasus tilaar dunyana bayi.
Sedengkeun dina taun 2019,
kacatét aya kana 8 ibu jeung 8 bayi tilar dunya, sarta aya 18 kasus bayi nu
kakara borojol tilar dunya.
“Ku ayana call center Jabang
Tutuka éta, dipiharep AKB jeung AKI bisa diminimalisasi,” pokna Ibu Bupati.
Dina kasempetan éta ogé, nurutkeun PLT Kepala Dinas
Kesehatan Purwakarta, dr. Deni Darmawan, inyana ngarasa reueus ku ayana program
Jabang Tutuka bisa ngabantos para bidan désa dina milarian RS rujukan nalika ibu
hamil nu posisi urgent.
“Tah éta nu jadi udagan pemkab
Purwakarta dina masihan bantosan layanan kesehataan husus pikeun para ibu
hamil,” pokna.***