WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Hari Santri, ASN Purwakarta Disararung




Purwakarta – Warta Sunda Onliné,           
B
upati Purwakarta, Anne Ratna Mustika ngainstruksikeun ka para pejabat jeung Aparatur Sipil Negara (ASN) di lingkungan Pemkab Purwakarta sangkan nganggo sarung jeung kopéah hideung atawa raksukan ala santri. Hal éta poé ayeuna luyu sareng miéling Hari Santri Nasional tanggal 22 Oktober 2019.
Hari Santri Nasional, saméméhna ditetepkeun dina Keputusan Presiden No 22 tahun 2015, Salian para pejabat jeung ASN, guru katut pelajar ogé dihimbau pikeun nganggo sarung jeung peci, husus dina miéling poé santri.
"Dipiharep, para pejabat sarta pagwé diwajibkeun maké raksukan muslim. Keur pejabat lalaki mah, maké baju koko kumplit jeung sarung katut peci. Sedengkeun keur pejabat awéwé, nyesuaikeun atawa maké baju gamis," pokna Anne, Senin (21/10). Di Balé Sawala Yudistira Purwakarta.
Pokna deui Anne, imbauan ieu geus dibewarakeun ka sakabéh pagawé di Purwakarta, pon pagawé di lingkungan OPD atawa sakabéh guru kalebet pelajar.
nurutkeun Anne, biasana saragam nu digunakeun ASN tiap poé Salasa nyaéta Pakaian Dinas Harian (PDH) warna, namung poé ayeun mah pejabat teu maké PDH. Tapi, sapoé ieu mah, aranjeunna tetep maraké sarung, baju koko jeung peci.

"Kanggo warnana mah, bebas. Teu aya kelir husus," pokna.
Dina saniskara Hari Santri Nasional (HSN) taun ieu, Pengurus Cabang Nahdlatul Ulama (PCNU) jeung Kementrian Agama Kabupatén Purwakarta ngagelar Dzikir, Sholawat jeung Ceramah Kebangsaan nu penceramahna Kiyai Ayip Abas ti Buntet Cirebon.
Kagiatan ieu dihadiran ti pengurus wakil cabang (PWC) NU sa-Kabupatén Purwakarta, Pimpinan Pondok Pesantrén sa-Purwakarta, ulama-ulama NU, banom-banom NU diantarana, Muslimat, Fatayat, GP. Ansor, IPNU, IPPNU, jeung PMII Purwakarta, Mapolres, sarta Muspida katut Muspika Kabupatén Purwakarta.
Ceuk Ketua PCNU Kabupatén Purwakarta, Bahir Muhlis ngeceskeu yén kagiatan dzikir, sholawat jeung ceramah kebangsaan ieu ngarupakeun saniskara kagiatan HSN anu badé dipagelarkeun poé Salasa, (22/10/2019) puncakna HSN.
"Dina hal ieu, PCNU rék ngondang jeung ngarahkeun santri-santri nu aya di Purwakarta pikeun ngiring aub Upacara. Salian ti kitu ogé banom-banom NU ogé rék ngahadirkeun sakabéh pangurus ti berbagai tingkatkan, ti mimiti tingkat Kabupatén, Kecamatan nepika Ranting," pokna Ustad Bahir.
Kagiatan HSN taun ieu ogé ngaramekeun saniskara kagiatan lomba-lomba, diantarana lomba MQK (Kitab safinah, Taqrib, Fathul Muin, Alfiyah Ibnu Malik), Cipta Puisi, Photografi jeung Videografi. (*)

Subscribe to receive free email updates: