DPRD Jabar rék Ngusulkeun Genep Kabupatén jeung Kota Anyar
D
|
éwan
Perwakilan Rakyat Daérah (DPRD) Jawa Barat (Jabar) rék ngusulkeun genep calon
daérah otonom baru (CDOB) di Jawa Barat. Cohagna mah rék ngusulkeun kabupatén
jeung kota anyar di Jabar. Éta hal téh ditepikeun ku anggota DPRD Jabar, Abdul
Hadi, di Gedong DPRD Jabar, saminggu ka tukang.
“Taun ieu nu rék diusulkeun ka Pamaréntah Pusat téh
genep CDOB,” ceuk Abdul Hadi. “Ngeunaan daérah mana-manana mah, nya mana wé anu
geus bener-bener siap.”
Ditétélakeun ku Abdul Hadi, dina waktu audiensi jeung
DPRD Jabar, aya 16 présidium CDOB anu hadir. Di antarana baé CDOB Kabupatén
Bogor Barat (Kabupatén Bogor), Kabupatén Bogor Timur (Kabupatén Bogor),
Kabupatén Bogor Selatan (Kabupatén Bogor), Kabupatén Sukabumi Utara (Kabupatén
Sukabumi), Kabupatén Pajampangan (Kabupatén Sukabumi), Kabupatén Cianjur
Selatan (Kabupatén Cianjur), Kabupatén Bandung Timur (Kabupatén Bandung),
Kabupatén Bekasi Utara (Kabupatén Bekasi), Kabupatén Indramayu Barat (Kabupatén
Indramayu), Kabupatén Cirebon Timur (Kabupatén Cirebon), Kabupatén Garut
Selatan (Kabupatén Garut), Kabupatén Limbangan (Kabupatén Garut), jeung
Kabupatén Tasikmalaya Selatan (Kabupatén Tasikmalaya). Ari CDOB wilayah kota
nya éta Kota Cipanas (Kabupatén Cianjur), Kota Cikampék (Kabupatén Karawang),
jeung Kota Lémbang (Kabupatén Bandung Barat).
Sakumaha anu padanyaho, Pamaréntah Provinsi Jabar, anu
jumlah padumukna aya 48 juta jiwa, merenahna mah mikabutuh 15 DOB (kabupatén/kota)
deui. Ku cara kitu bisa meunang anggaran anu saimbang jeung daérah séjén, anu
padumukna leuwih saeutik tibatan Jabar tapi diwangun ku kabupatén jeung kota
anu leuwih loba, saperti Jawa Tengah jeung Jawa Timur. Kiwari anggaran keur
warga Jabar rata-rata 600 rébu pérak saurangna. Sedengkeun di daérah séjén mah
rata-rata geus nepi ka sajuta pérak saurangna, tina anggaran ti pamaréntah
pusat, propinsi, jeung kabupatén/kota.
Éta sababna DPRD Jabar ngarojong kana usulan CDOB di
Jabar sarta ngusulkeun sangkan moratorium DOB sagancangna dicabut ku pamaréntah
(pusat).
Sumber warta: PR
Disundakeun ku: Kang Adud
Poto: Cikampék, calon kota anyar di Jabar.