Congklak: Kaulinan nu Murah jeung Aman
Congklak: Kaulinan nu Murah jeung Aman
Kaulinan téh teu kudu nu méwah jeung mahal. Asal aya, bisa dipaké kaulinan jeung teu ngabahayakeun. Salasahiji kaulinan anu kawilang aman téh nya éta congklak atawa congkak, basa Malayuna dakon.
Congklak biasana husus pikeun budak awéwé, tapi budak lalaki gé sok aya nu maén. Tempatna bisa di téras atawa di jéro imah. Pamaénna duaan-duaan.
Kaulinan congklak alatna maké papan nu geus dilogakan, tiap baris logakna aya tujuh, di tungtung pada tungtung aya logak nu rada gedé, nu disebut indung. Ayeuna mah geus aya paranti congklak anu dijieunna tina pelastik, lengkep jeung kekewukanana. Malah mun euweuh-euweuh teuing mah, bisa nyieun logak dina taneuh di buruan.
Unggal logak dieusian ku kewuk atawa siki asem, bisa ogé batu laleutik, anu jumlahna tujuh-tujuh tiap logakna, jadi jumlah kewuk téh kabéhanana aya 49 dina sabaris.
Cara maénkeunana piligenti, tepi ka kewuk atawa siki asem téh béak dikurilingkeun, asup kana logak indung. Tah, lamun geus béak atawa jumlahna kurang ti 49, pasti aya logak nu teu kaeusian. Logak nu teu kaeusian téh disebutna pécong.
Lamun anu maén téh eureun dina logakna sorangan anu kosong di hareupeun logak batur anu eusian, disebutna némbak; sarta eusi logak nu batur téa dicokot diasupkeun kana logak indung anu manéhna.
Tuluy wé kitu jeung kitu, kewuk dikurilingkeun nepi ka lawan logakna pecong kabéh, teu bisa jalan.
Sawatara ahli nyebutkeun, yén congklak téh hadé keur kamekaran uteuk barudak. Anu matak disarankeun jadi kaulinan anu diajarkeun di sakola dasar. Jelas leuwih alus upama dibandingkeun jeung ngucel hapé mah nya. Ceuk panalungtikan, budak anu loba teuing ngucel hapé temahna bisa-bisa kawas anu jantungeun, tampolana mah kawas anu tinggar kalongeun.***
Tina Sakasunda.blogspot.com
(Budi RT)