Carpon : Paciweuh Néang nu Euweuh
Paciweuh Néang nu Euweuh
#NetCarpon_Kang_HAS
Riweuh ogé rék nyanghareupan akréditasi sakola téh. Utamana, inggis aya kakurangan dina data katut ‘sarana prasana’-na nu kudu nyampak luyu jeung ajuan dina aplikasi DIA. Sanajan lain kakara bari jeung arsip mah teu weléh dijieun saban kagiatan, angger wé aya kapaur; peunteun saméméhna jadi ngurangan. Nya, ari kahayang mah undak sangkan leuwih lugina.
Pisaminggueun deui ka acara, teu sirikna beurang peuting idek liher di sakola. Sagala ditataharkeun, sagala diaya-ayakeun. Samalah papanggungan basajan gé diadegkeun dina téras kantor. Anceran, rék dipaké sholawatan ku barudak dina mangsana mapag paraasésor reujeung mintonkeun ‘nasyid’ nalika kagiatan ‘visitasi’ reureuh. Nu dipiharep bisa narik ati dina waktuna mariksa.
Pisapoéeun deui mah komo, teu saré sakerejep-kerejep acan tepi ka prungna ‘visitasi’, alatan aya kénéh nu can katataharkeun. Utamana runtuyan acara nu rék dipidangkeun. Barudak dikeprak sangkan ngangsitkeun latihan. Guru-guru nu kapapancénan, luyu jeung kasapukan ti anggalna, teu reureuh baranggawé. Samalah guru awéwé nu méh sabroleun gé teu tinggaleun. Ngan teu nepi ka ngéndong wungkul da bisi ngariweuhkeun ka nu keur sibuk.
Jam genep isuk-isuk, asésor geus dipapagkeun ka hotél luyu jeung waktu nu geus dipaheutkeun. Barangjol tamu ka sakola, gasik dipapag ku guru-guru katut karyawan lianna. Teu kaliwat, sholawatan nu dipirig ku waditra nasyid geus ngéngkréng tina ‘sound system’ séwaan. Geuningan daréhdéh tur soméah, gegedén téh. Reujeung barudak nu maraén ‘nasyid’-an gé popotoan heula.
Satutas acara bubuka réngsé, prung, pamariksaan dimimitian. Ku kabeneran, kuring jeung PKS Kurikulum nu pangheulana dipariksa téh, pédah nyepeng ‘Standar kelulusan’ jeung “Standar Isi”. Cenah, mun nu dua ieu bérés, nu lianna gé moal hésé.
Tétéla, najan lain kakara, kuring geumpeur ogé nalika adu-hareupan jeung tim pangajén. Sieun aya nu kurang, sok komo euweuh pisan. Satékah polah neger-neger manéh, sangkan pipikiran bisa tenang.
Hiji-hiji, standar nu kudu dipikaboga ku sakola ditanyakeun kalawan gemet. Alhamdulillah, bisa kaayonan. Orokaya, nincak patalékan pamungkas aya hiji arsip nu teu bisa kaasongkeun. Beu! Teuing di mana sokna. Padahal rarasaan mah geus dipernahkeun samapna-samapna. Pon kitu deui bukti saniskara kagiatan sakola, geus ditundaan dina méja gigireun, béh teu hésé néangan dina waktuna dibutuhkeun.
“Wayahna, standar nu ieu mah peunteunna moal luyu sareng ‘pengajuan’!” ceuk asésor laju ngotrétkeun tanda tanya dina kertas pangajénna.
Meg! Hadeuh, bakal dipaido ku kapala, kaya kieu mah! Sakur map nu nampeu geuwat dibukaan deui; susuganan nu ditéangan aya nyelap.
“Da tos disayogikeun, Pa. Panginten nyelap dina map nu sanés,” cekéng bari culang-cileung ka guru nu lian, hayang dibantuan pangnéangankeun.
Guru nu can kabagéan dipariksa mah geuwat milu naréangan. Map-map nu numpuk dina méjana séwang-séwangan dibukaan tur diilikan; bisi aya berkas kuring nu kasimpen di dinya. Samalah, antukna mah jadi mariksaan deui berkas maranéhna sorangan, inggis leungit dina mangsana dipariksa.
Tutas méh sapuluh menitan, Pa Anggi nyampeurkeun bari ngagigiwing kertas nu geus meunang ngajilidan. “Ieu, Pa. Ngagolér gigireun laptop,” cenah bari diasongkeun ka kuring
Plong…!