Carpon Misteri : JURIG KAMAR CAI (Bagian.3)

“Tapi mayarna nungtut nya?”
Kuring ngahuleng, “Sabaraha
heula?”
“Sapuluh juta, sésana lima juta
unggal bulan. Kumaha?”
“Duh, geus dimurahkeun, mun bisa
mah tong dicicil kitu.”
“Ka batur heula wé atuh, mun
euweuh ku urang nya?” ceuk Caca.
Deal. Jual-beuli imah jeung Caca
henteu tulus.
Jam istirahat, kuring mariksa
ponsél. Aya nu minat kana imah kuring dina lapak online. Manéhna nawar harga
alus, ku kuring dibikeun harga 150 juta. Ngobrol dina telepon, awéwé, ngora
kénéh tina sorana mah. Manéhna rék nyurpéy ka imah kuring isukan, bari
mutuskeun jadi-henteuna, lamun jadi rék langsung dikontanan cenah.
Teu sabar ngadagoan isukan. Balik
ti kantor, kuring langsung mandi, teu wani mandi burit-burit teuing sanggeus
nyaho di imah ayaan mah. Mandi gé jiga mandi meri, gura-giru dianduk, padahal
kakara tabuh tilu tapi keueungna sarua jeung tengah peuting keur kaayaan normal.
Dahar nu biasana sok dina méja
makan dapur, geus pindah ka tengah imah bari lalajo TV. Masak jeung naheur cai
geus tara di dapur, nyéréd kompor ka buruan, geus arasak dipindahkeun deui
komporna ka jero.
Wanci peuting. Kuring nempoan
almenak, mun sakira-kira kaliwon, moal cicing di tengah imah, rék langsung
ngaringkeb manéh di kamar soré-soré. Tétéla ping 13, salasa, kaliwon. Kuring
asup ka kamar. Tampolong dina kolong ranjang geus sayagi, piparantieun.
Ku lantaran soré kénéh, tabuh
dalapan, pitunduheun téh can datang. Kuring muka youtube dina ponsél, néangan
video nu matak pitunduheun. Manggih pilem nu latarna di basisir, nempo laut mah
biasana sok tunduh, ku kuring diputer. Lila...loadingna, teu biasana. Sabar
nungguan. Prung maén. Dina pilem nampilkeun tatangkalan nu harejo, tuluy wé nu
katémbong téh tatangkalan. Mana tokohna? Euweuh sora euweuh musik. Jeung teu
nempo basisir ti tadi, tatangkalan wé jiga di kebon. Asa anéh pilem téh. Ku
kuring volumena digedéan, jempling kénéh. Ké...ke... Asa di kebon sisi imah nu
aya dina pilem téh? Kamérana jiga nguriling tuluy pindah ka hiji tempat. Kuring
ningali témbok jeung tunggul nu rentul. Makam...? Nyekel ponsél bari ngageter.
Geuning pilem téh nampilkeun gambar di tempat kuring? Kamérana pindah deui. Nu
ka témbong jiga di jero imah kuring, parabotna sararua. Korsi, lomari, méja,
TV...saha nu milemkeun imah kuring kana youtube? Pindah ka dapur, dina layar
nyampak hiji awéwé keur nukangan. Ujug-ujug sirahna muter 180 darajat, melong
ka kuring, “Hiii hi hi hi hi...”
Kuring ngalungkeun ponsél ka
luhur, rup dikurubung simbut. Pré, sora ponsél ninggang lanté. Jep jempling.
Pasti ruksak, nu rék meuli imah
moal bisa ngahubungan, gerentes kuring. Ras inget kana jirim dina video,
beungeutna sopak ... matana ngan aya hiji.
HANCA