Carpon Misteri : JURIG KAMAR CAI (Bagian.2)
Kuring teu betah cicing di imah nu digeugeuh ku mahluk
séjén, teuing jurig teuing sabangsa jin, nu puguh mah di kamar cai ayaan. Teu
mikir panjang, ku kuring imah di iklankeun dina lapak online, hargana
dimurahkeun, duit ladang imah rék dijieun imah deui nu rada leutik tapi di
tempat nu hégar, lain jiga nu di tempatan ayeuna: kénca kebon, katuhu astana,
tukang gawir, hareup jalan tiiseun ku nu laliwat.
Bakat ku hayang téréh kajual, di
tempat gawé ogé kuring nanawarkeun imah ka babaturan. Euweuh nu daékkeun,
keueung cenah nyarebutna téh, padahal ku kuring kakara ditémpokeun potona
wungkul.
Beuki dieu hawa imah beuki karasa
euweuh dangiangan, unggal peuting kuring jarang bisa saré tibra, loba sora nu
kadéngé ti dapur: sora panto muka, sora nu nyéréd korsi, nepi ka sora
tingkelentréng jiga gelas-piring diaradu. Hayang nganggap ngan saukur
dédéngéan, tapi sora-sora éta kadéngéna écés pisan ku ceuli kuring.
Di kantor aya babaturan
sapagawéan nu katajieun kana modél antik wangunan imah kuring, Caca ngaranna,
tapi lain panyanyi dangdut. Manéhna hayang nempo langsung kana jeroan imah, ku
kuring dihayukeun, malahan mah tawar gatra ngajak meuting. Manahoréng manéhna
daékkeun meuting, majar téh hayang apal suasana imah lamun ti peuting. Mugia wé
manéhna teu nempoeun nu anéh-anéh.
Pasosoré, balik ti kantor kuring
mawa Caca ka imah. “Seger nya hawana?” ceuk kuring. “Keur réhat mah cocog, komo
anjeun mah geus boga kulawarga, pasti baretaheun,” kuring promosi.
Caca unggut-unggutan. Gék diuk
ngararasakeun hipuna korsi. “Jeung eusina harga sakitu téh, Di?” pokna.
Kuring mawa kopi jeung dahareun
ti dapur, song disuguhkeun. “Keur énté mah, baé. Ka batur mah moal mikeun.”
Pijadieun jigana mah imah téh dijual, ngan kuring hariwang nyanghareupan
peuting, inggis manéhna robah pikiran terus ibur ka batur.
Wanci beuki nyérélék poék. Biasa
kuring di imah sorangan pék ayeuna aya batur, rasa keueung nu biasa datang dina
wayah peuting téh ayeuna mah jadi haneuteun. Uplek ngobrol, ngomongkeun
pagawéan ogé ngomongkeun gosip nu aya di kantor. Teu karasa geus tabuh sapuluh,
kuring jeung Caca merelek heuay. Kuring nganteur manéhna ka kamar tamu.
Ka kamar cai jadi teu sieun, kahampangan
gé teu rurusuhan, malahan kuring sempet héhéotan sagala. Pitibraeun saré téh,
kuring nuruban awak ku simbut. Reup peureum.
Saré kuring kahudangkeun ku sora
nu ngetrokan panto. Ngoréjat. “Saha...?”
“Dias...” sora Caca semu
ngaharéwos.
Turun tina ranjang, kuring
gancang muka panto. Caca langsung asup ka jero kamar kuring. “Ari énté di imah
sorangan?”
“Enya...sorangan...?”
“Di dapur aya sora nu keur
masak!” pokna.
“Masak?” kerung. “Euweuh sasaha.”
Caca melong curiga, “Di imah ieu
aya jurigan nya?”
“Aéh, tong sagawayah nyarita
téh,” ceuk kuring. “Hayu, buktikeun!”
Kuring jeung Caca kalaluar ti
kamar. Pangheulana kuring leumpang muru ka dapur, Caca nuturkeun. Ujug-ujug
Caca ngarandég. Kuring ngalieuk, “Hayu bareng!”
“Urang ngadagoan di dieu,” ceuk
Caca.
Kapaksa kuring sorangan.
Ngajanteng hareupeun panto dapur, ngalieuk ka Caca, “Teu ngadéngé nanaon.”
“Buka...!” Caca ngahayuhan.
Gap leungeun kuring nyekel gagang
panto, ceklék, dibuka lalaunan. Rekét... Brug, kuring nutupkeun deui panto.
Leumpang nyampeurkeun Caca,
“Euweuh nanaon. Dédéngéan wungkul tamah.”
Caca unggut-unggutan. “Heueuh
meureun. Saré deui ah,” ngaléos ka kamarna.
Gancang kuring ogé asup ka kamar,
ngurubun awak ku simbut. Sidik pisan tadi di dapur kuring ningali ... eukeur
nukangan.
HANCA