Carpon Misteri : JURIG KAMAR CAI (Bagian.1)
U
|
nggal tabuh dualas peuting kuring sok lilir hayang
kahampangan. Harita peuting jumaah. Kuring hudang, leumpang ka kamar cai. Ti
tengah imah kénéh kadéngé aya nu ngagusrek jiga keur nyeuseuhan. Kuring di imah
sorangan. Saha nu milu nyeuseuh peuting-peuting?
Saumur-umur kuring can nempo
jurig bungkeuleukan, cenah mah beungeutna pias jeung buukna ngaringkiwik,
bilatung nyarelepot dina kulitna, seurina nyikikik, lamun nempo sukuna
ngalayang tatéh teu ditarima ku bumi.
Sora nu nyeuseuh terus kadéngé,
kuring ngajajanteng. Ayeuna mah aya sora cai nyuruluk jiga nu keur
ngaberesihkeun. Pasti jurig cai, pikir kuring. Nu tadina hayang kahampangan téh
dumadak teu hayang. Balik deui wé ka kamar.
Subuh lilir deui. Bener-bener
hayang sacércéreun, satengah lumpat ka kamar cai. Teu inget peuting aya sora nu
nyeuseuh. Cir wé. Barang inget, bulu punduk jadi carengkat. Luak-lieuk. Lanté
jeung témbok garing, taya tapak céprétan cai. Dédéngéan wungkul kitu?
Sabulan ti harita, kuring teu
ngadéngé nanaon deui. Dina hiji poé, pabuburit kuring meresihan kamar cai ku
sikat. Ngosék nepi ka harérang. Sakalian mandi. Brus. Nyabunan awak. Jorélat,
jiga aya nu ngaliwat ka hareupeun. Olohok nyenyekel sabun. Luak-lieuk. Kep kana
gagang sisiuk, nawu cai, dibanjur-banjurkeun kana awak. Gura-giru kaluar bari
disamping anduk.
Peutingna. Saméméh saré kuring
kahampangan heula ngarah teu hudang tengah peuting.
Salahna, saméméh saré kuring nginum susu sagelas. Tengah peuting
hudang. Keketeyepan bari ngadédéngékeun. Jempling. Asup ka dapur. Panto kamar
cai nutup, leumpang beuki ngadeukeutan.
Kucuprak...kucuprak, sora ti jero
kamar cai. Randeg, kuring ngajanteng hareupeun panto.
Gusrek...gusrek...perelet, jiga nu keur dipeureut. Kuring ngaléngkah mundur.
Rekét... Panto méléngé. Tina sela nu méléngé kaciri usik-usikan. Kuring
malikkeun awak, beretek ka kamar. Ngurubun awak ku simbut.
HANCA