WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Bupati Purwakarta : Masrahkeun Bantuan RUTILAHU ka Ibu Sri Yulianingsih




Anne ngeskeun yén pihakna bakal ngabantosan pikeun warga anu teu mampu, kaayaan imah jeung pangeusina. Taun 2019 ieu, Anne nyarioskeun yén programna dibiayaan Rp. 2 Milyar ngalangkungan Kesra.


NITENAN kaayaan imahna Sri Yulianingsih, warga di Kampung Cipaisan RT.02/RW.02, Kelurahan Cipaisan, Kabupatén Purwakarta, kumalasepa. Ieu wanoja téh kahirupan diimahna tina kaayaan imahna ogé nu matak prihatin.

Kalayan témbok awi anu rapuh, katambah hateup kéntengna anu geus balocor, sareng kulawargana. caricing di imah anu teu layak huni.

Kalawan pakasabanna ngan ukur jadi buruh, boro-boro keur mikiran tur ngoméan imahna, dalah keur bubutuh sapopoéna ogé koreh-korek cok.

Tapi basa dina poé Juma’ah Isuk (20/9) pamenteu wanoja éta, katingal marahmay.  Lantaran didongdon ti rombongan ibu Bupati Purwakarta, Anne Ratna Mustika, nyaksénan kaayaan Sri Yulianingsih.

"Nuhun ambu atos disumpingan,” éta kecap anjeunna.

Ku kadongkapan urang nomér hiji Purwakarta, Sri ngarasa bungah amarwatasuta, yén ibu Bupati tiasa rurumpakeun dongkap ka bumi reyod ieu. Bahkan, aneunna terus-terusan ngucapkeun hatur nuhun ka Ambu Anne.

"Haturnuhun pisan ambu, hatur nuhun," saur anjeunna sareng sobatna.

Pikeun Sri, ku ayana bantosan ti Ambu Anne kacida poharana pisan. Samah saméméhna Ambu Anne parantos sumping ka imahna pikeun ningali kaayaan nu sabenerna, kaayaan dirina. Ieu dumasar kana laporan ti warga ka anjeunna.

"Abdi kantos di dieu, kusabab nalika kuring sumping ka TKI, warga sareng RW geuwat ngalaporkeun kaayaan imah Ibu Sri," pokna Anne Juma’ah (9/20).

Anne ngeskeun yén pihakna bakal ngabantosan pikeun warga anu teu mampu, kaayaan imah jeung pangeusina. Taun 2019 ieu, Anne nyarioskeun yén programna dibiayaan Rp. 2 Milyar ngalangkungan Kesra.

"Urang bakal ningali kaayaan imah warga anu urgen, rék dibantu pikeun hiji imah anu benerébener dibantu, sahenteuna nampi bantuan Rp. 15 juta sareng maksimalna Rp 20 juta," jelasna.

Numutkeun anjeunna, pihakna terus ngadata hususna pikeun kaayaan wargana anu peryogi rehab rutilahu. Luyu sareng kategori imah anu teu layak huni.

"Ningali kaayaan dilapangan hususna aya imah anu teu layak huni atawa imah anu roboh, éta nu jadi skala prioritas dibantu, ku kituna inyana eung pihak kesra ngabantu nu saperti kitu,” pokna Anne.

Sedengkeun terkait kondisi immah ibu Sri, Anne negeskeun deui . “Ieu kudu sagancangna diupayakeun dibere bantuan. Malah mandar nargetkeun saméméh usum hujan, imah ibu Sri kudu geus dioméan, karunya!” pokna deui.

Katingalna Sri teu bisa nahan sedih jeung bungahna, nepika nyurucud cai mata maseuhan kurudungna nu dipakéna. Ku kituna, Anne peupeujeuh sangkan bantuan ieu téh dipergunakeun sakumaha mistina.

"Mudah - mudahan kahareupna Ibu Sri bisa leuwih betah diimah ngumpul ngariunga jeung kulawargana,” pesen Ambu. (ADV)

Subscribe to receive free email updates: