Béas Kaheman (Ku : Asep Somantri)
P
|
Sarempak di 17 Kecamatan sakuliah Kabupatén Purwakarta PKKS dilaksanakeun. Anu mitembeyanna ti tanggal 23 September nepi ka tanggal 30 September 2019.
Béas kaheman anu diterapkeun di sakola-sakola SD sakabupatén Purwakarta ti awal taun pelajaran 2017- 2018 masih lumangsung dugi ka danget ayeuna taun pelajaran 2019-2020
Béas kaheman mangrupakeun prak-prakan wujud Penguatan Pendidikan Karakter (PPK)di SD sakabupatén Purwakarta.
Program béas kaheman di lingkungan Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta hususna di tingkat SD parantos lumangsung ti taun pelajaran 2017/2018 tug dugi ka kiwari. Hal ieu dikuatan ku ayana program pamaréntah patali Penguatan Pendidikan Karakter (PPK)
Prak-prakan pelaksanaan program béas kaheman, teu lesot sareng musawarah antara pihak SD sareng Komite sakola dina raraga sosialisasi maksud jeung tujuan program. Pihak sakola (SD) ngainventarisir barudak yatim, piatu, lemah ekonomi, ogé Jakmania jompo di sabudereun sakola.
Siswa SD nu lebet kategori mampu tur rido dianjurkeun ngumpulkeun béas saridona sarta dibawa ka sakola satiap poé Kemis. Dina poé Kemis éta, béas kaheman ti para siswa (donatur) dibagikeun langsung ka anu hak narima, luyu sareng anu parantos diinventarisir ku sakola sewang-sewang.
Ngalangkungan kagiatan program béas kaheman, malah mandar jiwa sosial binih bangsa tiasa kapupuk ngabuah kahadé.
Aamiin ya Allah ya Rabbal alamiin
Cag 🙏🙏