WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

ASISINDIRAN DINA KAHIRUPAN MASARAKAT SUNDA Urang Sunda kawilang dalit jeung wangun karya sastra anu kiwari disebut sisindiran, anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Ti bubudak éta téh. Sanajan tangtu baé, sisindiran budak mah, kawilang basajan, ngawujud dina kakawihan. Mun rék ucing-ucingan, upamana, barudak sok hompimpah heula. Hompimpah alaikum gambréng, Ma Ijah maké baju rombéng. Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

6 Imah Warga jeung 1 Bangunan Sakola Ruksak Dampak Tina Blasting PT. Mandiri Sejahtera Sentra


"Imah Warga Kampung Cihandeuleum Désa Sukamulya RT. 09 RW 05, Kecamatan Tegalwaru, jadi sasaran muragna batu-batu garedé"

Purwakarta – Warta Sunda Onliné,
B
atu-batu nu garedé tinggararuntul murag ti suku gunung, alatan bencana. Tapi basa dipaluruh muragna éta batu téh lain ku bencana. Malah mandar éta hasil ti para penambang pabrik-pabrik anu ngalakukeun ngabidamit gunung di Désa Sukamulya. 

Balukarna éta kajadian genep imah warga jeung hiji bangunan sakola di daérah Kampung Cihandeuleum Désa Sukamulya RT. 09 RW 05, Kecamatan Tegalwaru, jadi sasaran muragna batu-batu garedé. Kitu ceuk salah saurang warga di éta padumukan, Junedi nyarios yén mudalna batu gedé mangrupikeun kagiatan perusahaan batu di luhur.
Dina kamusibahan éta, Wakil Bupati, H. Aming langsung ngadongdon ka wewengkon Kecamatan Tegalwaru pikeun mastikeun musibah nu karandapan wargana, poé Rebo, (9/10).
“Tina hasil musawarah, yén warga nungtut imahna nu ruksak téa sagancangna dioméan sarta pemulihan fisikologis éta warga,” Ceuk H. Aming dilokasi kajadian.
Nurutkeun data, yén ngagilinding na éta batu téh tiluhur gunung kira-kira 500 métér, ogé ngahancurkeun tatangkal jeung patalimarga di ééta wewengkon. Katingalna batu nu gedé éta téh beuratna aya kana 300 ton leuwih, nu ngabalukarkeun taneuh jerona sababaraha centi.
“Alhamdulillah, teu aya warga nu jadi korban lantaran para warga keur araya dilaluar imah nalika kajadian tumiba,”pokna Aming.
Lain halna ceuk Dodi (37), imahna nu kamusibahan éta téh rata-rata imahna, imah permanen nu biasa ditempatan ku warga.
“Kajadian musibah ieu kakara ayeuna tumiba. Sok sanajan aktivitas pertambangan diwilayahna geus lila,” pokna.
Ku kajadian éta, Kabid Humas Polda Jabar, Kombes Pol. Trunuyudo Wisnu Andiko, S.I.K., nepika ngadongdon tur mastikeun yén kajadian musibah éta akibat dampak tina aktivitas blasting atawa peledakan batu human error PT. Mandiri Sejahtera Sentra (MSS), poé Salasa kamari.
Pihakna bari ngupahan warga nu ngarasa trauma éta, méré pemahaman bisi kajadian susulan deui. Ku kituna 20 kepala keluarga dievakuasi ka tempat nu aman. Sakalian nunggu kapastian ti pihak  perusahaan.
Sedengkeun ceuk pihak Manager Teknik, Bambang Yuda (PT. Mandiri Sejahtera Sentra (MSS), rék ngaganti karugian warga, sambil nunggu kumaha carana dina ngaganti karugian musibah éta.
Nurutkeun béja cenah bakal aya Anggota DPRD Provinsi Jawa Barat ngadongdon kalokasi éta.***

Subscribe to receive free email updates: