WARTA TI GALURA : Purwakarta Zona Merah dina Pasualan “STUNTING”

“Pikeun ngaantipasi angka STUNTING zona merah di Purwakarta, pihak DPC Persagi ngayakeun kagiatan Lomba Bekal Sehat dan Edukasi Gizi ka unggal sakola. Ngan sakola dilingkungan Ponpes can kageroh, alatan kakirangan waragad.”
MASIH dina raraga Hari Gizi Nasional Ke-59 Tahun 2019 Dewan Pimpinan Cabang (DPC) Persatuan Ahli Gizi (Persagi) Kabupatén Purwakarta geus magelareun kagiatan di SDN Pasawahan Kidul, Kacamatan Pasawahan Kabupatén Purwakarta, Poé Salasa (11 Maret 2019). Samalah, salahsahiji program kagiatanna ngeunaan Lomba Bekal Sehat dan Edukasi Gizi nu jéjérna nitenan peserta didik dina mawa bekel ka sakola nu bergizi.
Dina hal ieu mah, 10 (sapuluh) urang tim Persagi turun langsung pikeun nyaksenan sakola nu ditunjuk salaku Sekolah Sehat nu dibarengan Perwakilan Tim PKK Kabupatén Purwakarta.
Dina uar pangajak Ketua DPC Persagi Kabupatén Purwakarta, Ahmad Yani, S.Gz., M.KM., RD. Ka Galura ngabejerbéaskeun tujuanna. Pikeun ngaantisipasi Tumbuh kembang anak dan Penanggulangan STUNTING (gagal tumbuh) nyaéta asupan makanan gizi yang tidak sehat, sarta mengkomsumsi air bersih.
“Keur mah di Kabupatén Purwakarta, angka stunting nunjukeun kirang langkung kana 7 pérsén nu rata umur budak antara 2 taun nepi ka 5 taunna. Ku kituna, ieu salah sahijina tarékah jeung patéah Persagi dina mantau langsung ka perwakilan sakola di Kabupatén Purwakarta, salah sahijina di SDN Pasawahan Kidul,” pokna Ahmad Yani.
Kajaba ti ngayakeun pencerahan ka para peserta didik ogé, masihan kaélmuan ka guru-guru di SDN Pasawahan Kidul, dina pentingna merhatikeun kadaharan anu bergizi tur sehat. Pon kitu deui, pihakna gawé bareng jeung perwakilan Tim PKK ngayakeun Lomba Bekal Sehat dan Edukasi Gizi.
Pihakna mairan pamilon peserta didik nu dibarengan ku orangtuana sewang-sewangan, dimana dina mawa bekel ka sakolana téh, dipairan tur dipeunteun mana-mana waé pamilon nu mawa bekel anu bergizi tur sehat.
Lian ti éta, para peserta didik SDN Pasawahan Kidul diwanohkeun kadaharan anu sehat tur bergizi nu dipandu langsung ku Tim Persagi. “Malah mandar barudakna ogé dipasihan bolpoint minangka uar pangajak Persagi ka barudak ti kelas hiji nepi ka kelas genep, dina raraga keur ngamotivasian barudak neda katuangan anu sehat tur bergizi,” pokna Ketua Persagi.
Ahmad Yani, nambahkeun yén pihakna bisa ngayakeun kagiatan nu saperti kitu téh, inyana saparakanca iuran pikeun nyukseskeun kagiatan ngungkulan angka stunting di Purwakarta, anapon kitu dibantu ku pihak Rumah Sakit, klinik jeung institusi pendidikan nu aya pakuat-pakait kana ahli gizi.
Sedengkeun angka stunting di Jawa Barat nunjukeun kana 30 pérsén, ku kituna ieu téh tong nepi ka di Purwakarta ngaleuwihan angka 7 pérsénan. “Nya, ku cara sosialisasi ka warga atikan. Ngan keur dilingkungan pondok pesantrén nepi ka kiwari can kageroh alatan di organisasi taya waragad pikeun nyosialisasikeunana,” pokna.
Dirina miharep ka pihak pamaréntah daérah sangkan milu aub dina masihan anggaran pikeun ngungkulan angka stunting di Purwakarta leuwih handap. “Da, pasualan nu saperti kitu téh perlu gawé bareng sareng nu mibanda kawijakan saperti halna Pamaréntah Daérah,” pokna.***