WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

WARTA TI GALURA : Galura dina MyPikiranRakyat

Galura dina MyPikiranRakyat

IBERNA mah tos rada lami, mung nembe dilaksanakeun Rebo, 7 Agustus 2019.
Naon tea?
Kantor Redaksi Galura, Tata Usaha, sareng Pemasaran nu tadina di lante 1 ngalih ka lante 2 nu kapungkur mah rohangan bagian Keuangan sareng Pemasaran Galura, ari Redaksi di lante tilu, lante hiji Sekretariat. Lante hiji anu sababaraha tahun ditempatan ku Galura, tadina kantor redaksi PR online. Ayeuna lante hiji ditempatan ku Koperasi Karyawan (Kopkar) Pikiran Rakyat. Tadina Kopkar PR nempatan lante dua.
Tangtos wae lante dua tos robih, teu sapertos waktos ditempatan ku Galura, margi kantos dibebenah sarta ditempatan ku Pusat Data & Riset (PDR) Pikiran Rakyat. Rohanganana teu kudu dirobih. Tos merenah, boh kanggo rohangan Redaksi, Tata Usaha boh kanggo Pemasaran. Malih rohangan paranti rapatna lega, tiasa diango gempungan. Mung dua dinten memeres rohangan anyar teh. Kabel jaringan internet kantun neraskeun, ku Kopkar PR henteu dicandak.
Rengse pindah sarta ais pangampih Galura tos merenah tumaninah, Galura anu sababaraha bulan teu aya pamingpin redaksian, torojol surat kaputusan (SK) ti Direksi PT Pikiran Rakyat nu netelakeun diangkatna Rosyid E Abby janten pamingpin redaksi Galura ti kaping 1 Agustus 2019. Iber pikagumbiraeun sanesna: ti ngawitan Minggu III Agustus 2019, Galura janten bagean epaper Pikiran Rakyat nu aplikasina MyPikiranRakyat tiasa didownload dina Playstore (Android) sareng dina App Store (Iphone).
Galura aya dina MyPikiranRakyat pikeun ais pangampih Galura disagigireun pikabungaheun margi Galura tiasa langkung sumebar ka sakuliah dunya, oge janten pecut kanggo ngaronjatkeun eusi sareng tata letak atanapi lay out Galura. Eusi Galura kedah langkung has, teu aya di media sanes, tiasa dibaca iraha wae, aya pulunganeunana sarta tiasa nambihan pangaweruh, babakuna dina kasundaan.
Pindahna kantor Galura, diangkatna pemimpin redaksi, Galura janten aya dina MyPikiranRakyat, ageung harepan Galura tiasa langkung majeng. Galura nu tos terbit ti taun 1973 keneh tur henteu kantos kandeg teh hiji-hijina tabloid atanapi koran basa Sunda nu tos ampir satengah abad medal kalayan mayeng, saminggu sakali. Galura tos kauji ku jaman, nu moasna nyambung ti entragan ka entragan saterusna. Ieu modal anu luhur pisan ajenna. Mung tangtos wae diperyogieun karancagean supados Galura tanggoh dina pajamanan.*** Nanang S.


Subscribe to receive free email updates: