SURAT TI PANGBEROKAN
Ku : Mas Gunawan Waluyo (Alm)
B
|
asa kuring balik ti pajaratan milu ngaluat nu maot, nu nganteur ka pajaratan teh bisa diitung ku curuk, ngan aya sapuluh urang dipingpin ku Amil jeung Rt, ditaluturkeun ku anakna, sedengkeun pamajikan almarhum teu kungsi ngilu ka pajaratan, harita katingali ku kuring manehna nyempod wae di juru panto kamar sarena bari jeung teu eureun inghak-inghakan ceurik, baluas jeung sedih alatan ditinggalkeun maot ku nu jadi salakina.
Pasaran anu dipake mawa layon ka pajaratan teh, diparanggulna ngan ukur ku dulurna wungkul dibantuan ku anggota Hansip duaan kaasup kuring.
Ti samemehna nginditkeun layon nepikeun ka dikaluatna di pajaratan, kaheran kuring teu daek leungit, naon sababna anu ngalanteur harita mah ngan saeutik, teu saperti anu biasa kahirupan masarakat di padesaan. Sipat gotong royong anu biasa dijalankeun ku masarakat di padesaan harita mah teu tembong?
Biasana masyarakat padesaan mah, lamun aya kajadian kapapatenan sarupa kitu, ti mimiti geletukna nepi ka dikaluatna sok marilu nguruskeun, malahan ka pajaratan oge nu jarajap teh nepi ka ngaleut boh sanajan nu maotna jalma teu boga, komo deui ieu mah ninggang di jelema jegud, asa ku teu lumrah.
Masarakat padesaan mah, geus karuhan palebah kerja bakti, ngadegkeun imah atawa lamun pareng aya warga boga hajatan saperti ngawinkeun atawa nyunatan jeung sajabana, tanpa pambrih sok durder milu dadahut.komo deui ieu mah anu sipatna papait, anu biasana tatangga jauh deukeut jul-jol ngalongok ngucapkeun bela sungkawa bari babawaan samampuhna pikeun kulawarga anu ditinggalkeun maot, sarupaning beas atawa duit. Pon kitu deui miangna ka pajaratan tayohna nepi ka ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang teh lain bobohongan, ari ieu ngan saukur dianteur ku sababaraha urang.
Ku naon pangna kitu? Tabepun, paralun lain rek nyaritakeun nu geus maot, sasatna ka nu geus dipundut ku Nu Rahayu dipenta ku Nu Laksana, ceuk Ustad Uyo mah ulah ngomongkeun kagorengan anu geus maot pamali, caritakeun mah kahadeanana wae ngarah almarhum atawa almarhumah meunang jalan anu ngemplong di aheratna, itung-itung urang ibadah, sakali deui pun tabepun paralun, lain rek ngagugulukeun kagorengan, ieu mah ngan sakadar ngajelaskeun pedah kuring anu kaitung deukeut hubungannana jeung almarhum katanyaan ku dulurna nu kakara datang ti pangumbaraan anu geus sababaraha puluh taun ka tukang kakara papanggih deui jeung dulurna pet ku hinis dina kaayaan geus jadi layon.***