Sajak Sunda : NYALUUH DINA TALUPUH
Ilustrasi.*
Wanci ngagayuh ka subuh
Dalingding angin nitah nyaluuh
Dina talupuh ngumbar bangbaluh
Cimata bedah sela-sela rumahuh
Koneng umyang cahya bulan
Mega hideung sagurat ngahalangan
Matak sieup endah dadamelan
Betah neuteup dina katingtriman
Kasombongan ilang karana
Kaangkuhan teu walakaya
Sela-sela rema rewuan pamenta
Geter lambey pinuh pangdunga
Dina sajadah sumerah pasrah
Sanduk-sanduk laku awuntah
Tumada meredih sadrah
Miharep panungtun lampah
Kinded