Néng Annasya Adrééna Saila - Dokter Spesialis Anak nu Dicita-Citakeun
M
|
OJANG alit imut tur geulis nu hiji ieu téh wastana Annasya Adrééna Saila, nu biasa disebat Néng Nasya resep kana tetembangan téh ti keur leutik kénéh. “Malihan ku nu jadi sepuhna disadiakeun maénan mik,” kitu ceuk rama pamegetna Anas Gunadi, ST, ka Warta Sunda Onliné di tempat Wisata Kuliner "Situ Buleud" Purwakarta, Juma'ah (27/9).
Minangka Néng Nasya téh putra tunggal sadulur nu panganjrekanana di Perum Graha Marina Blok C2 No.8 Maracang - Kec. Babakan Cikao, Kabupatén Purwakarta, hobyna kana nyanyi téh aya teureuh ti nini jeung akina. Ku kituna, meungpeung alit kénéh rék dikeurseuskeun ka bina vokalia. Pon kitu deui kana widang tembang Sunda ogé rék diwanohkeun. Keur mah seueur rerencangan ahli widang nyanyi.
“Tapi, ayeuna mah moal waka diarahkeun heula kana dunya nyanyi. Keun wé lir ibaratkeun ngamalirna cai…. Engkin mun tos katingal langkung anteb, rék diarahkeun luyu sareng hobina,” pokna Kang Anas.
Lain deui nu kasauran biangna Neti Hérawati Zein yén pun anak nu dibabarkeun di Purwakarta, ping 9 Désember 2016 cita-citana téh hoyong janten jalmi jegud keur ngajomantarakeun widang kasehatan tur seni budaya sinareng babakti ka lemah cai. “Malah hoyong janten Dokter Spesialis Anak pikeun ngangkat harkat darajat nu jadi sepuhna katut nagarana,” pokna.
Kiwari keur nyuprih élmu di Paud Todler Mutiara Insani Purwakarta. Néng Nasya pituin urang Sunda. Ku kituna, saur ramana néda pidua’ana ka para pamaos koran onliné ieu, mugia naon nu dicita-citakeunana téh tinekanan. Amin.*** (Anto S)