WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

MITRA MEDAR : PEUPEUJEUH







PEUPEUJEUH
Kenging : Rusmahoni

Srangenge meletek beulah wetan
Mapag harepan nu bakal datang
Lengkah paripolah anu nirca
Harepan peunggas sapada harita
Poe angkeub jiga nu rek hujan
Hujan cimata

Anaking nu jadi tambakan rasa
Geura lilir geura harudang
Jarumatan laku jeung lampah
Ku ridho na nu Maha Kawasa
Sangkan hirup jeung huripna
Kapibanda salawasna

Anaking nu jadi harepan kalbu
Indung jeung bapa geura dipunjung
Sumujud kanu Maha Agung
Nafsu angkara kudu dibendung
Moal boga rasa kaduhung
Hidep jadi linuhung

Purwakarta, 22 September 2019

Subscribe to receive free email updates: