Kaahéngan Turuy Cau Dina Gebog Pisang
Sukasari
– Warta Sunda Onliné,
K
|
aagungan
Alloh SWT moal bisa diturutan ku manusa. Saperti halna Gebog Cau nu aya di
wewengkon Kampung Wangun RT.003/RW.002 Désa Parungbanténg Kecamatan Sukasari,
sawatara waktu katukang dihebohkeun ku Turuy Cau jadi dina gebog pisang nu geus
ditebas dikebon Mang Ujum.
Kajadian
langka éta, jadi tongtonan haratis pikeun warga lembur Wangun. Malahan, saméméh
na ceuk Mang Ujum. “Sim kuring poho nebas gebog cau éta, sababaraha minggu
katukang, sanggeus panen Cau Ambon. Kulantaran rusuh poho teu nebas nepika
handap,” pokna.
“Nya,
Ku Kaagungan Ilahi Robi, yén gebog cau nu geus ditebas téh kalahkah turuyan
deui ti mimiti jantung nepika buahan,” pokna Mang Ujum.
Lain
halna ceuk Jhoni (26) warga Wangun
Kajadian nu saperti kitu téh arang langka aya, kari-kari ayeuna kajadian
dilembur panungtungan Kecamatan Sukasari. “Mugia ieu anten tafakuran keur urang
saréréa salaku mahlukna nu teu daya teu upaya, nalika ceuk Alloh SWT Kun payakun, jadilah, jadi.*** (((Sangga Buana)))