IRÉNÉ
B
|
uukna
nu ngarumbay panjang semet tonggong disisiran rusuh, dikuwel-kuwel. Reketek
dipageuhna dibeungkeut karét paragina, sup ciput. Las wedak bayi saulas. Kaciri
cahayaan, da geulis kétang saaslina ogé.
Ngaca sakeudeung, tiung bodas nu
diistrika saliwat rap ditumpangkeun luhureun ciput. Diusap meueusan
palebah sirah, panitih leutik dicangreudkeun. Bros motip kembang dipasang, nyéh
imut. Inget ka nu méréna, jajaka manis ketua OSIS di SMU Harapan Bangsa, tempatna
nyuprih élmu salila dua taun ieu.
“Rén, ieu mah oléh-oléh Mekah, ti payuneun masjid Harom.
Anggo nya, saha nu terang tiasa janten pangjurung Irén angkat ka ditu. Jaba
unggal dianggo dina kudung, hartosna aya Yana ngiring ka mamana.”
Yana, puterana Pa Camat nu kabiruyungan umroh mangsa libur
sakola. Yana nu bageur, jagoan basket nu pinter ngagitar. Nu sok haat ngabagi
roti lapis daging bekelna. Nu sok ngahaja meuli cai mineral husus keur manéhna. Nu teu weléh nyumangetan
lamun Irén ngangluh ku pasoalan hirupna. Asana teuing sabaraha réwu kecap
panyombo nu niiskeun kana pikir, tiiran heureuy nu matak kéom. Ku pinteran
malikeun kasedih jadi kagumbira. Sanajan ukur panyelang, tapi tangtu gedé
pangaruhna, hirupna nu teu weléh kingkin jeung kulawu, jadi cahayaan, aya
sarian.
Iréne Sasyiah, lahir ti indung nu ririwit, jeung bapa nu
ampleng-amplengan nyaba. Asana, Bapa mulang
ka imah ieu bisa diitung ku ramo.
Kunaon Bapa aya ku téga, tepi ka ayeuna waléh teu kaharti ku
akal. Apan meureun matak ngahiji gé aya kulantaran aya rasa trésna ka indungna,
naha ari geus ngabuah ngadaging kalah pleng les taya béja. Ibarat hayam mah
dikukut teu diparaban. Ku batur ulah ku sorangan ditambelarkeun.
Nu haat mah ukur Enin, da Engki mah pupus taun kamari. Enin
ibuna Mamah. Da Ibu Sepuh ti pihak Bapa mah geuning sok judes sakalieun Iréné nyimpang ngalongok. Paralun ampun lain hayang dibekelan
duit atawa dibahanan dahareun ku Ibu Sepuh, kangaranan ka nini pituin, sagetih
sadaging, wajar lamun aya rasa sono hayang panggih, rasa melang bisi kuma onam,
cara harita aya béjana tijalikeuh di jamban. Gura-giru ngalayad dianteur ku
Yana, tapi sigana dina kamus Ibu Sepuh mah taya tulisan Iréné sabagé salah sahiji incu nu kudu dipikamelang jeung
dipikasono. Harita ukur sakecap dua kecap nu kaluar tina biwir Ibu Sepuh. Kalah
ngabigeu sakitu papahareup di jero kamar nu nyecep ku AC. Kalan sok hémeng,
naha haté
ninina dijieun tina batu? Apan meureun sahanteuna ka incu, getih daging anakna
pituin. Naha maké siga ceuceub? Dosa naon nu geus dipilampah manéhna salaku
incu. Asana ti barang hideng gé teu wani talandan-telenden atawa jéjéréwétan
aya kahayang siga ari ogo ka Enin.
Ngan untung aya Enin nu bageur, nu satia maturan mangsa
nalangsa, nu pangbageurna sadunya. Pangsiunan guru Enin mah, sok ngagelendut wé
unggal usik.
“Rén, sing pinter, sing bisa nunjukkeun ka Ibu Sepuh, ka Bi
Yati, ka Mang Arman, ka Om Yadi, ka Wa Opik, Irén bisa jadi wanoja kuat, pinter
jeung bisa dibanggakeun, dipikareueus. Keun wé ayeuna ngarantep ogé, keun tara
mekelan atawa pangmeulikeun sapatu atawa buku ogé. Salila aya Enin, ulah
hariwang.”
Sok hayang sahinghingeun lamun Enin nyarios kitu, tapi
ditahan satekah polah. Apan lamun cirambay Enin bakal sedih. Bakal raheut haténa.
Da enya atuh, baraya ti bapa mah balatak jaba araya. Imahna
garedong, mobilna harérang. Tapi da geuning kitu. Basa pupulih rék piknik ka
Jogja gé ngan ukur seuri sinis. Malahan Mang Arman mah pokna téh kieu,
“Teu kudu maksakeun piknik atawa wisata-wisataan nu méakkeun
waragad gedé, anggursi sakola wé sing bener, siga jelema mampuh waé, teu milu gé
moal ngadadak dikaluarkeun ti sakola!”
Boro-boro mekelan. Harita, Yana deui waé nu jadi pahlawan.
Pangmayarkeun duit wisata ditambahan jeung bekel keur jajanna, ti Mamih cenah. Ditolak téh ngambek. Majar nampik pangasih.
Ahirna daék. Cici sobatna teu tinggaleun, ku mamahna dibekelan dahareun sarangsel
pinuh. Dibagi dua jeung manéhna. Alhamdulillah, teu ngalaman kalaparan di
panyabaan. Alloh mah maha welas, teu dipikamelang ku indung kolot gé dipikaasih
ku indung batur, nu sabenerna taya hubungan getih. Éstuning nyata, yén kanyaah
mah teu dilantarankeun ku ayana duduluran atawa babarayaan.
****
Mamah beuki kanyos, rarayna nu lonyod beuki sacomot.
Geulisna masih nyésa, tapi unggal menit digorogotan sarina ku panyakit ginjal
jeung gula. Beuki melang jeung hariwang ningalina. Ngan Mamah tara ngangluh
atawa aral, éstuning sabar ngarandapan sagala cocoba boh kana salirana boh kana
kahirupan nu lianna.
Kudu cuci darah ceuk dokter gé lamun hiji waktu éta ginjal
geus teu berpungsi. Naha ieu nu nyababkeun Bapa ampleng-amplengan nyaba?
“Bapa teu salah Rén, wajar pusingeun ningali panyakit
Mamah.”
Unggal dipangloh masalah Bapa, Mamah teu weléh ngabéla.
“Bapa kedah tanggung jawab atuh Mah, apan Mamah masih
istrina. Irén gé masih puterana.”
“Tangung jawab mah moal hade dipaksa Geulis, ngadunga ka
Alloh, mugia Bapa sing séhat, sing dipaparin hidayah, sangkan mulang ka dieu.”
Mamah, teu weléh wening haténa. Nepi ka malam Salasa ieu,
jam dalapan saparapat. Engapan Mamah ngahanju, diriung ku Enin, Wa Oyoh, Irén
jeung Yana nu ngahaja nganteuran obat hérbal ti mamihna nu bageur.
“Irén, sing soléh, jaga Enin. Allohu… Allohu… Allohu…,
kerelek. Kocéak dengék nu midangdam ditinggalkeun ku kaasih indung.”
“Alloh langkung nyaah ka Mamah, aya Enin. Ulah hariwang.”
Enin nangkeup pageuh, paungku-ungku. Layon Mamah diibakan,
disolatan. Pas ditaékeun kana pasaran, kulutrak panto muka. Aya nu ngadeg dina
lawang.
Dilieuk, bréh dedegan nu salila ieu dianti, dipikasono sakaligus
dipikangéwa.
“Bapa…?”
Lalaunan lalaki nu disebut bapa téh nyampeurkeun. Aya cimata
dina pipina, brek deku gigireun layon Mamah.
“Ninun, hampura Akang.”
Teu, teu hayang nyarékan nu keur deku bari hayoh nyebut
hampura. Apan burung palung gé éta Bapa. Bapa nu ampleng-amplengan bari taya
iber naon-naon.
Enin ngaharéwos, nitah Irén nyampeurkeun Bapa. Yana unggeuk
nguatkeun. Lalaunan suku nyampeurkeun nu jadi Bapa.
“Bapa, ulah ka mamana deui, Irén teu aya batur.”
Hing ceurik, Bapana nangkeup.
Nepi ka bérés ngurebkeun Mamah, Bapa teu ka mamana. Ngan pas
tiluna, Bapa saged.
“Wayahna Rén, Bapa teu bisa ninggalkeun usaha di peuntas.”
“Bapa angkat ayeuna?”
“Wayahna, ieu bekel, cukup keur Irén sakola nepi ka tamat,
hampura Bapa.”
“Irén teu kénging ngiring ka peuntas? Sakola di ditu?”
“Irén mah di dieu maturan Enin, ké hiji waktu ku Bapa ditéang
deui.”
Cimata ngembeng deui, kaleungitan pikeun ka sakitu kali.
Tapi pan kudu kuat, kudu kuat, kudu kuat.
Basa kalangkang bapana beuki ngajauhan, karasa aya nu nangkeup
taktakna. Enin, neuteup ku socana nu liuh.
“Aya Enin, ulah hariwang…!”
“Enin ulah ngantunkeun Irén siga Mamah, siga Bapa.”
“Insya Alloh, dungakeun umur Enin panjang jeung séhat.”
Aya inghak nu disumputkeun. Angin nyulusup tina oyagna
tatangkalan. Langit cangra ngadadak aleum.
****