WARTA SUNDA ONLINÉ

BENTANG TAMU

Kedubes Oslo Ngaresmikeun Réstoran Indonésia "Boboko" di Oslo, Norwégia

Duta Besar Indonésia pikeun Norwégia, Teuku Faizasyah, sacara resmi muka réstoran Indonésia anu disebut "Boboko" di Désa VIA, sala...

CAMPALA MEDAR

Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun. Pamaos Baraya Warta Sunda. Dogdog tinggal igeul Artinya : banyak bicara (dalam pekerjaan), tapi tidak melaksanakan apa - apa). Cag. Bhaktos pun Anto Sukanto.

Gedong Linuhung : Lomba Baca Puisi Guru - Kepala Sekolah

Guru jeung Pupuhu Sakola
Nga-Ekspresikeun Puisi


Gedong Linuhung - Warta Sunda Onliné,
S

ALILA dua poé, Buruan Gedong Linuhung jadi puseur dayeh kagiatan Lomba Baca Puisi Guru & Kepala Sekolah Tingkat SD jeung SMP.
     Dina hal ieu mah, kagiatan nu lumangsung salila dua poé ti mimiti ping 24 - 25 September 2019 di buruan Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta. Para pamilon némbongkeun unjuk kabisa dihareupeun Girang Pangajén jeung panongton.
     Tim Pameunteun éta téh diantarana Akang Ayi Kurnia Iskandar, Seli sareng Ali Novel minangka meunteun para pamilon.
      Malah mandar ceuk salah saurang Girang Pangajén, Kang Ayi Kurnia Iskandar nyebutkeun nu dipeunteunna téh saperti tina aspek interpretasi, vokal, ekspresi sareng kreatifitas.
     Éta minangka nu jadi udagan nu dipeunteunna dina lomba Baca Puisi," pokna Ayi ka Warta Sunda Onliné.     
     Lain hal ceuk, H. Iwan Hidayat Angga, S P, M.M.Pd, inyana ngarasa reueus wirehna Dinas Pendidikan ngayakeun nu sapertos kieu. "Mudah-mudah acara éta lumangsung tiap taun."
     Sedengkeun ceuk Agus Supriadi, S.Pd (Kepala SMPN 3 Sukatani) salaku wawakil pamilon Nomor 32 ngiringan ieu lomba téh dina raraga ngiring aub. inyana muntinkeun puisi  nu judul "Berdarah" karya Sutarji kalzumbahri, ngiring ngareuah-reah kagiatan nu saperti kitu téh.
    Ceuk Yusup Saépuloh, S.Pd, Mugia ieu kagiatan tiasa ngaronjatkeun martabat pendidikan, tiasa ngakomunikasikeun aspirasi ngalewatan puisi. Pon kitu deui tiasa ngagali potensi praktisi dunya atikan, ogé tiasa di tularkeun ka peserta didik, saperti halna di SDN 1 Nagrikalér, Kecamatan Purwakarta baris ngayakeun lomba Baca Puisi di wewengkon sakolana.
     Inyana, ka gugah ku pelaksanaan kagiatan nu saperti kitu," pokna.
     Ogé mudah-mudahan instansi terkait tiasa masihan reword  khusus, ka pamilon pinilih luyu sareng potensi dirina," pokna Pgri Cabang Jatiluhur manten, nu kiwari nyangking kalungguhan Kepala UPTD SDN 1 Nagrikalér Purwakarta.
    Ari saur juru atik di SDN Nagrog Wanayasa, Pupung Setiabudi, minangka wawakil pamilon ti Tingkat SD, mintonkeun Sajak "Sebatang Lisong" karya WS. Rendra nu ngagambarkeun yén bangsa urang téh kudu jadi bangsa nu mandiri, henteu gumamtung ka nagara deungeun. Lian ti éta, téma ieu pinuh ku kritik sosial ngeunaan atikan, karaharjaan sareng ketidak adilan.
     Dina kasempetan éta ogé, Kepala Dinas Pendidikan Kabupatén Purwakarta, H. Purwanto, M.Pd, ngeceskeun yén kagiatan lomba baca puisi ieu téh, dina raraga miéling poé bahasa ogé di Purwakarta mibanda guru-guru nu bisa dikembangkeun tina ekspresi puisi, pon kitu deui dina program literasi nu salila ieu keur dimekarkeun.
     "Tujuan acara éta ogé mengolahkan rasa guru-guru, kan salami ieu ngan ukur siswa-siswi olah rasa pikir, olahraga, tapi guru-guruna ogé ditoél ku acara nu saperti kitu," pokna Pa Kadisdik. ***

Subscribe to receive free email updates: